Jadi hayang balik ka lembur, da di lembur kuring mah masih loba nyangu make hawu jeung seeng jeung aseupan. sangu hasilna, beda jauh dibandingkeun jeung meunang rice cooker atawa nyangu dina kompor, ditambahan ku seungitna suluh beuh. Komo mun kakara panen di huma, beas huma anyar tea atuh, seungitna sarua meureun jeung beas cianjur mah...
 
Duh ... iraha mulang nya?

 
On 6/8/05, asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
PANGARIH &#276;NE

Nyangu teh nyaeta ngasakan beas jadi sangu. Pakakas
nyangu teh rupa-rupa, aya boboko, aseupan, seeng,
dulang, siwur, hihid, jeung pangarih. Tangtuna ulah
kaliwat hawu jeung suluhna.
 
--
Baktos,

Dudi Herlianto


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke