Anu maca puisi Jante Arkidam versi basa Indonesia mah jenenganna Kang Iman Soleh, nu tos ka sababaraha puluh kota, honorna ku maca eta sajak saur kang Godi mah pan 7,5 jt (sakali maca sajak)...
Abdi mah ti pusnas tbh 12, muru ka eijkman heula da teu boga ongkos... jaba pulsa beak.. nya maling hp punlanceuk jeung dibere ongkos keur naek bajaj... heheueheu.. geus kitu, da punlanceuk teh keur sibuk, jadi w ciosna uing sorangan nu ka TIM-na.. Tepang sareng kang Racmat Rawyani, kang Tirta, Ua Sas, kang Rachmat Kiblat, kang HW, kang Teddy A.N. Muhtadin (pembimbing skripsi).. era parada, da ka kampus mah jarang... ari di TIM kalahka panggih eung.. oge nu sanes-sanesna sapertos nu tos didadarkeun ku Ua Sas.. Sakantenan bade ngiringan kopdar atuh, abi... ngke wengi tabuh 7 tea di semanggi... (kanggo panatacalagara kopdar Apih Siddik) ~ipuP~ (keur ngadepong di Perpusnas Salemba lante 4, layanan internet) --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Rachmat eta mah sanes Kang Jajakakapaksa (Mamat Rachmat) tapi anjeuna > mah Kang Rachmat Taufik Hidayat nu janten direkturna penerbit Kiblat. > Acara lekasan kira kira tabuh opat, aya biatara ti Pa Ajip sareng ti Pa > Suparto, sareng aya Prakpilingkung ti Nano.S > Tos ah sakitu heula...! > Aeh aya nu kaliwat aya maca puisi Jante Arkidam ku Kang.........punten hilap > deui namina (basa Indonesia) sareng Kang Godi Suwarna (basa Sunda) > Mulang ka Bandung kira tabuh lima, jadi minuhan kendaraan teh da aya Kang > HW, Kang Dadan, Kang Rachmat sareng saurang deui. > > MSasmita > (dijalan teh bet inget ka MJ....hanjakal inyana teu bisa ngiluan...tuh nya > genah ge geus pangsiun) > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

