Assalamu'alaikum wrb. wb. Kamari pasisiang kusnet bogor ngayakeun kempelan dibumi apih siddik-ciapus bogor, allhamdulilah anu sumping teh diatawisna :
1. Kuring 2. Kang Tantan 3. Kang Hendra 4. Kang Yayan 5. Kang Runa 6. Kang Reza 7. Kang Irpan-Jakarta 8. Kang Dudi Ari maksad kempelan mah mung biasa we silaturahmi sareng ngobrol ngaler ngidul jeung deui kuring oge can arapan kabeh bnaraya kusnet nu aya dibogor. Kuring jeung kang tantan indit teh babaraengan naek BMW (bebek merah warnanya) teuing kunaon motor teh beberebetan wae sajajalan tapi allhamdulilah bisa tepi ka bumi apih. Baraya nu lain oge babrengan inditna teh kumpul heula di kebon raya bogor. Kurang leuwih dina ngobrol ngaler ngidul teh si apih ngobrolkeun kopdar anu dibandung -cupumanik. teras saurna dinten jumaah-saptu kamari uih ti banten diajakan nguseup ku kang hendri sareng kang gunawan. Teras ti kang tantan mah cenah upami tiasa ka baraya kusnet dimana wae ayana kanu sok resep nulis dimedia lamun bisa mah tempelkeun ngzaran kusnet cenah conton mah (ngaran-kusnet). Teras ti kang hendra, si kang hendra teh baraya kusnet tos lami oge sigana janten anggota teh mung anjeuna salami ieu mah sering noongan wungkul, anjeuna asli bogor di ciampea kasibukan sadidintena anjeuna teh di yayasan hanjuang bodas saurna yayasan ieu teh bergerak di widang kabudayaan (punten bilih lepat), teras di HKTI, teras di Radio RPC Ciawi Bogor, kitu deui anjeuna oge janten supplier bahan-bahan tatanen kitu (punten bilih lepat), jeung nu sanesna. Kang hendra ieu tiap dinten jumaah wengi tabuh 8 sok siaran di radio RPC-ciawi bogor dina acara "ngawangkong" saurna anu dibahas teh rupi-rupi terutami kana kasundaan malihan mah nawisan ka kusnet bilih bade ngiring dina acara ngawangkong, puguh atuh kuring jeung nu lainna atoh ditawisan kitu teh. Sok ka baraya bogor hususna, umumna mah kanggo kusnet dimana wae ayana, sugan atuh kapayuna mah kusnet tiasa siaran di tiap kota. Punten sakitu heula ti abdi mangga bilih aya nu kirang mah tambhan kabaraya anu sumping kamari, bilih aya nu lepat pang lereskeun. Teu hilap kuring ngahatur nuhun pisan ka apih siddik sakulawargi kana sagala rupina. Ka baraya bogor hususna, umuna kasadayana urang ngobrol ngobrol deui perkawis anu ditawisan ku kang hendra siaran di radio RPC kinten-kinten kumaha tehnisna sareng saha anu siap, bade jajapian oge mangga. Hatur nuhun Wassalam @ERN Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

