Rampes..!!!
Hanacarakacarananyacagnangka parantos digentos ku aksara Sunda Ngalagena aya
oge nu nyebat Kaganga malih aya nu nyebat Ratu Pakuan.
Aksara Sunda Ngalagena parantos di Perda-keun ku Pamarentah Jabar No.6/1996
teras ditegaskeun ku SK Gubernur Jabar No 434/SK.614-Dis.PK/99 kaping 16
Juni 1999.
Janten Cacarakan (hanacaraka tea) parantos teu dianggo sabage Aksara Sunda
ti ngawitan eta Perda.
Kanggo langkung ecesna mah mangga bae dipaluruh buku-bukuna, diantawisna :
1) Aksara Sunda/Tedi Permadi saparakanca/ Galura/1999 (dina ieu buku aya
katerangan nu langkung eces pangna aya aksara Sunda)
2) Aksara Sunda Kaganga dan sistem penulisannya/Undang A Darsa/CV
Walatra/2003
3) Ngalagena/Idin Baidillah saparakanca/CV Walatra/2001

MSasmita

----- Original Message -----
From: "djoni rochjana" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, July 15, 2005 4:49 PM
Subject: [Urang Sunda] Cacarakan akasara sunda


> Sampurasun,
>
> Sim kuring anggota enggal di milist ieu, nembe noong
> ka kolom "AKSARA
> SUNDA".
>
> Rada aneh, gening benten pisan sareng nu katampi ku
> sim kuring waktos masih
> di sakola dasar 26 taun kapengker.
> Palajaran aksara sunda nu katampi, bentukna teh
> cacarakan, Ha Na Ca Ra Ka Da
> Ta Sa Wa La... jst.
>
> Patarosan sim kuring, naha aya sabara rupa ari aksara
> sunda?
>
> Wassalam,







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke