mangga kang. eta pendapat sanes tiasa diwadahan. kalebet kecap agama nu diaku ti basa sunda pituin. ngangge kirata tea sigana. A= ayana gusti, gama=patokan gusti. basa sunda mana eta teh, kumaha pangna bisa jadi kitu? A sarua jeung ayana gusti?
ari kecap "gusti" pituin basa sunda deui kitu? mun enya, cing ari I Gusti Ngurah Rai, sahana gusti urang sunda? SOAL AGAMA + KAPERCAYAAN geus jadi "hukum alam" yen di unggal tempat masyarakat hirup, eta masyarakatna baroga agama/kaperayaan asli masing-masing, salian baroga adat suradat pikeun cara maranehna hirup. soal agama/kapercayaannana bisa animisme boh teuingisme. beh dieu agama dianggap sah mun aya sababaraha sarat, kaasup ayana buku/kitab suci tea. ku kituna, enya pisan di Tatar Sunda oge tangtu boga agama atawa ageman/kapercayaan. cara nu ayeuna diagem urang Kanekes/Baduy atawa Cigugur. tapi luyu jeung kamajuan hirup, masing-masing geus pacampur atawa mere pangaruh. urang Kanekes apal ka nabi Adam -nu ti pangaruh Islam, jst. punten, aya dua hal nu beda bari jeung teu nyambung, agama karuhun jeung sajarah datangna agama luar ka urang. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] > Sampurasun > Kecap Agama anu parantos di pitutur ku Kang Engkus mah, yeh kecap AGAMA > teh > asli pituin urang sunda, da samemeh HINDU+BUDHA beja ti India anu asup ka > Nusantara, Urang Sunda mah parantos gaduh AGEMAN HIRUP atanapi anu disebat > AGAMA tea. > > A=Ayana Gusti, GAMA=Patokan Gusti > > mangga tingal dieu atanapi di pilari dina forum [email protected] > seratan kang Engkus Ruswana K > tiasa di Klik didieu : > http://www.mail-archive.com/[email protected]/msg01155.html > [kisunda] Nedunan panghiap Kang Ganjar perkara Agama Sunda > http://www.mail-archive.com/[email protected]/msg01155.html > engkus ruswana, Wed, 23 Feb 2005 11:05:30 -0800 > > sakitu heula punteh yeuh > bilih Urang Sunda pajarkeun teh, engke Urang Sunda teh memes Islam asup > nyekel Agama Hindu atawa Budha, balukarna tangtu urang moal mi'ajen ka > Karuhun sorangan Urang Sunda > > ngiring mairan kang MJ > > hapunten ah > baktos > Agus Wirabudiman > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

