Haturan baraya US..., wilujeng wayah kieu...! Nitenan pedaran posting kang Oman jeung postingan kang Ganjar, beu...mantak muringkak bulu punduk. Geuning kaayaan rumaja di kota Bandung teh geus sakitu ruksakna (sok sanajan teu kabeh), mantak palaur jeung hariwang pikahareupeunana komo deui lamun ngabogaan budak awewe nu keur mangkat rumaja pasti kacida hariwangna teh. Ieu kajadian atawa carita nu sarupa kieu teh pernag oge dipedar di salah sahiji stasiun TV swasta anu disiarkeun tiap malem saptu tengah peuting dina acara Fonemena, harita teu ngahaja si kuring lalajo ari pas teh keur ngabahas masalah sek bebas di kalalangan rumaja (abg) anu kakara sakola di tingkat SMP di kota Bandung. Geuning sakitu tarapti jeung lantipna carana oge sabab maranehna oge boga panglayar (mucikari) anu masih babaturanana keneh (batur sakola atawa batur ulina) anu umurna kawilang masih can sawawa lamun di ukur ku umur anu wajib mah. (rata-rata umurna antara 14 - 15 tahunan). Maranehna embung ari disebut atawa disakompet daunkeun jeung ilaharna awewe bangor mah (wts/psk) mah, da cenah maranehna mah teu ngahaja neangan rizki tina kitu ieu ukur resep wungkul atawa gaul cenah mah....(beu neupi ka kitu nya...???) Didieu aya sababaraha pananya na jero hate kuring, naha ari kolotna arapaleun tingkah laku barudakna kitu...?? atawa ieu anu kasebut barudak anu kurang perhatian ti kolotna....??? (ukur diperhatikeun tina soal materi sabab maranehna sibuk (kolotna))....
Beu...nepi kakitu nya kahirupan barudak rumaja di kota teh, mantak sieun jeung mantak palalaur nempo jeung ngabandunganana.... Cag...ah, nuhun. BM'69 --- In [email protected], oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya, > Warta ngeunaan "selimut cinta ala abg Bandung" (scaab) dina koran Pos Kota > anu diposting ku Kang Ganjar kamari ieu, nguatkeun beja ti babaturan poe > saptu kamari ngeunaan mahabuna gaya hirup "american style" di rengrengan > rumaja di Kota Bandung. . > Baktos, > manAR Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

