Hampura wae atuh ka sarerea yen simkuring tos ngangge kekecapan "ki", nu teu mararenah tea kakupingna ku parakanca sadayana.
 
Teu aya maksad nganggap sasaha geus aki2, ngan dina hal ieu mah meureun langkung caket kana singkatan "kiayi", sanes "aki2", sanajan simkuring sorangan rada pantes disebat aki teh kumargi tos incuan tea kapan...
 
Nuhun Cep Didi sareng Mas Joko kana piweruhna...
 
Mustakim

Didi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nambihan bah Jaka
eta teh namina basa wewengkon, basa nu bisa kaharti di wewengkon eta wae,
tacan tangtu diwewengkon nu lian ngartieun. Diserang banten aya kecap Nyai
dilarapkeun ka istri/awewe nu tos sepuh (nini) sedengkeun diwewengkon nu
lian mah Nyai teh dilarapkeun ka budak istri/awewe, lain ka nini-nini.

Have a nice day &
Best Regards
Kang Didi
essage: 24       
   Date: Sun, 31 Jul 2005 22:56:01 -0700 (PDT)
   From: joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: tes

Punten bade tumaros ke Kang A.M. Ardipradja.
Kecap "ki" panempatan pasna teh di mana? Margi di
daerah abdi mah di Majalengka (Kadipaten), kecap "ki"
teh mung digunakeun kanggo anu tos sepuh (aki-aki),
jadi singkatan ti "aki" jadi "ki".
Jembarna kadaerahan basa teh dipalebah dieuna. Mungkin (Meureun/Panginten)
di daerah ngagunakeun istilah atanapi hiji kecap teh
tos ilahar, tapi di daerah sanes mah teu aya. Contona
kecap "teoh mung aya di daerah wetan, mungkin(Meureun/Panginten)
ti
Kadipaten/Majalengka ka Cirebon; sedengkeun ti
Sumedang (wates Kadipaten) ka Bandung mah mung terang
kecap "handap".

Jaka


Start your day with Yahoo! - make it your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke