Kahatur Kang Nanang Ndoel nu Ndoel-Ndoelan, kang Gunawan sareng kang Lukman, oge baraya kusnet sadaya, abdi gaduh ide/masukan/usul kangge kopdar/kongres+halal bihalal nu aya patalina sareng pancen abdi salaku tim survey banten, abdi tos gaduh gambaran pilihan daerah diantawisna: - Konsep Pilemburan : Dilembur baduy rangkas bitung atanapi di Pandeglang - Konsep Konvensional : Di Kemah Mobil daerah sangiang Labuan. Rangkas bitung, pandeglang sareng labuan gampil diaksesna, boh kana kareta boh kana mobil.
Kanggo seksi transfortasi abdi gaduh usul kumaha upami dibentuk korwil (koordinator wilayah) sapertos wilayah tangerang dikoordinatoran ku saha nya kitu deui bogor, bekasi bandung, jste, termasuk diluar jawa barat atanapi diluar indonesia. tah sakitu wae usul ti abdi Kangge kang Gunawan sareng Kang Lukman diantos saran sareng Ide-na kumaha tah kang? Have a nice day & Best Regards Kang Didi Message: 3 Date: Mon, 01 Aug 2005 02:53:21 -0000 From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Laporan Kagiatan Kopdar - 31 Juli 2005 di Jl. Langsat Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.. Baraya Kusnet sadaya, Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 31 Juli 2005 di bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran, alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon. Ngabahas perkawis persiapan halal bihalal. Tina usulan-usulan ti anu haladir, disimpulkeun aya dua pilihan tempat sareng konsep nyaeta : - Konsep Pilemburan : diayakeun di pilemburan anu leubeut ku nuansa kahirupan pilemburan; atanapi, - Konsep Konvensional : diayakeun Gedong Pertemuan, Villa, Tempat Rekreasi, jsjbn kumargi kitu, kanggo mastikeun tempat sareng dumasar kana sababaraha pertimbangan, samentawis dibentuk tim survey anu gaduh pancen kanggo milarian tempat anu cocog kanggo pelaksanaan Halal Bihalal dina waktos sasasih, nyaeta : - Bogor : Kang Runa, Kang Rezza, Kang Yayan saparakanca - Banten : Kang Gunawan, Kang Lukman sareng Kang Didi - Jakarta : Teh Imas, Kang Akos, Kang Kang Hendri - Bandung : Kang Roisz, Teh Mpup, Teh Iva anu katunjuk tarang mugi kersa nampi kana pancen, kumargi ieu teh tos janten hasil putusan, kanggo sagala rupina Tim Survey, tiasa kordinasi sareng abdi atanapi Kang Tirta. - Aya nu kakantun buku Diary Planner ? mangga ngajapri ka Teh Imas ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h6up3e1/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122887420/A=2896130/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail">Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project </a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

