aduh aya anaaakkk,...katempuhan simkuring,...kaget denera pangademan...ambuing..ambuing...saestuna da abdi ge teu terang hartosna,...kang Rafly,...aduaya anaaakkk....da eta mah ngaheureuyan kang Manar bakating ku sono ka inyana...ambuing,..ambuing...kukituna upami aya Abah Surya mah tiasa di eces jentrekeun ieu pacogregan dina basa murwakanti teh..atanapi saha bae nu di milis ieu aya nu tiasa ngajelaskeun??
da abdi mah mung ukur resep basa sunda murwakanti nu dina wayang. matak gera raosan ku kang Rafly, nonton wayang golek, meni raoseun murwakantina pa Asep Sunandar
 
kinten-kintena mah kieu panginten,...eta teh basa nu murwakanti, kang rafly,...murwakanti hartosna sajak,..nyajak nu harmonis cariosan sajak nu dihaleuangkeun,...oge biasana ngandung falsafah karuhun saurnaa..sapertos kieu,
"bengkung ngariung, bongkok ngaronyok"
"silih eledan, silih rojong, silih dukung, sangkan nanjeur jadi payung agung".
"buruk-buruk papan jati, hade goreng dulur sorangan sakuduna dibelaan".
"Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak, samiuk sabilulungan, sareundeuk saigel sabobot sapihanean."
 
kitu kintena.
 
ayeuna ieu..
ambuing..ambuing ? ..teh kabiasaan Batara Semar Badranaya,..
salam tansah ? , salam naon nya? salam lestari,..teu pegat-pegat...
puhunyuk panjenengan ?  panjenengan teh salira, anjeun,
inyana ?  sami, anjeuna..beliau..
'mucunghul di mayapada ?  muncul, jol, nonghol, ngelol di dunia maya alias internet.
 
kitu kintena, bade aya nu ngaralat??
 
cag!
kujangputra 
 
.Miih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
-----Original Message-----
From: iwa cyber [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, August 04, 2005 12:43 PM
To: [email protected]
Subject: Re: 2 Naskah GK ti Abah Surya-->Re: Re[2]: [Urang Sunda] Carita Sasakala ti Tatar Sunda

ambuing..ambuing ? ..Kang Manar, punten nitip salam ka Abah Surya,..salam tansah ? , baktos kapihatur puhunyuk panjenengan ?  ti pun iwa,..naha kamana atuh ka mana inyana ?  taya deui 'mucunghul di mayapada ?  ieu?? ambing..ambuing..
iwa,..kujangputra 
 
Punten nya Kang Iwa,
nyuhunkeun bantuanna, aya kalimat anu acan paham
hatur nuhun,
 
Rafly

 


Start your day with Yahoo! - make it your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke