Maaanngng.....abdi mesen nomor 7,...pedah we abdi medal dunya teh ping 7 he,...aeh,.tong diladaan nya! xixixixixi....
 


indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten kang Jamal, si teteh mah lain rek ngiring lelang, da teu bisa nanaon, malihan teu walakaya. Mung asa aya anu can kanomeran alias usul ...eta perkawis obyek wisata anu dimana wae ayana. Ceuk pangemut  kedah aya wadah sareng jalmina anu terang perkawis obyek wisata. Contona urang sby rek wisata ka bdg, pan gampil mun aya jalmi anu terang sagala tina obyek wisatana dugi ka tempat balanjana . Nyakitu deui obyek wisata salian ti daerah jabar. Anu ngawadahan eta teh KUdu urang sunda anu aya diamana wae ayana. . Kitu kang..!. punten bilih lepat hartos, lepat nyerat, hatur nuhun.
 
baktos
ipeut

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
LELANG PROGRAM YAYASAN PERCEKA  (bin) KUSnet

Ka baraya KUSnet nu hayang ulubiung mantuan ngadorong beus patas AC nu
mogok eh salah euy, nu hayang mantuan Yayasan Perceka (nu dijieun ku urang
KUSnet), ieu aya Program (usaha) nu aya dina Akte Yayasan Perceka. Mangga
ilo sing gemet, sigana aya lolongkrang dina widang naon nu urang bisa,
resep, jeung kaduga.

Usaha-usaha
1.      Menyelenggarakan  kegiatan-kegiatan yang bersifat memberikan dukungan
serta mempromosikan penggunaan produk budaya tradisional (daerah),
khususnya Sunda.

(catetan: mangga ieu tarjamahkeun kana kahayang masing2 nu patali jeung
kalimah eta). Jualan produk budaya daerah Tatar Sunda, bisa naon bae:
produk kadaharan (bandrex, opax, raginanx, kurupux, hui cilembu, dodol,
kalua jeruk, kalua sandal capit, jrrd; karajinan (rajapolah, tegalwangi,
plered, cipacing, jrrd), produk kulit garut (nu ieu bade digarap Agus
Pakusarakan), kapal buatan PTDI oge kaci meureun. Nu penting jieunan Urang
Sunda (nu ngaku US oge kaci).

2.      Menyelenggarakan pendidikan non-formal antara lain menyelenggarakan
pelatihan-pelatihan, kursus-kursus keterampilan dan sejenisnya.

(catetan: ka baraya nu hayang nyieun TEMPAT KURSUS, naon bae, mangga kaci,
ulah soteh latihan nyieun bom atawa kursus teroris. Mangga tah ieu nomer
kanu garaduh pangabisa ngan teu acan dimanfaatkeun). Soal ngaran,
pangurus, waragad, mangga diatur nyalira atawa sareng rombonganana.

3.      Menyelenggarakan kegiatan di bidang kesenian dan kebudayaan Sunda
(Cateatan: kanu resep kasenian, tah ieu aya bageanana. Mangga tatabeuhan
tatakolan ngahaleuang, rekaman, sugan jadi artis).

4.      Menyelenggarakan pagelaran dan pameran di bidang kesenian dan
kebudayaan, khususnya budaya Sunda
(catetan: kanu resep nyieun acara raramean, ieu lolongkrangna, enya, jadi
event organizer (EO) tea.

5.      Menyelenggarakan dan mengadakan kegiatan serta memberikan penghargaan
kepada individu atau kelompok yang berjasa dalam pengembangan kebudayaan
Sunda

6.      Menyelenggarakan diskusi, lokakarya, penyuluhan, saresehan dan
seminar-seminar
(catetan: kanu resep nyieun acara, ieu lolongkrangna, enya, jadi event
organizer (EO) tea.

7.      Menyelenggarakan dan mengadakan penerbitan dan pencetakan majalah,
buku, buletin dan sejenisnya
(catetan: YP KUSnet kungsi medalkeun dua buku, Sajak, Banyal jeung
Sajabana (2001), Sura-Seuri Siga Sero (2002). Ayeuna pareum da kurang
tanaga. Kanu resep tulas-tulis, udat-edit, hayang jadi penerbit/pamedal,
kaci. Ieu nomerna.

8.      Mendirikan badan usaha yang kegiatannya sesuai dengan maksud dan tujuan
Yayasan, maupun ikut melakukan penyertaan dalam berbagai bentuk usaha
yang bersifat prospektif dengan ketentuan seluruh penyertaan tersebut
paling banyak 25% (dua puluh lima persen) dari seluruh nilai kekayaan
Yayasan.

(catetan: kakayaan YP ngan duit di bank Rp. 8jutaan-pikeun program pabukon
simpay katresna-jadi can bisa mere modal 25% mun aya baraya nu rek nyieun
pausahaan; printer Epson Stylus Color 400 sumbangan ti pabrikna Epson
Cikarang-yasana Kang Hendri Mulya).

9.      Menghimpun, mengurus dan mengembangkan dana untuk dimanfaatkan
sebaik-baiknya untuk kepentingan Yayasan dan kepentingan umum.


10.      Bekerjasama dengan badan resmi maupun swasta baik di dalam maupun di
luar negeri yang mempunyai maksud dan tujuan yang sama atau hampir
bersamaan

(Catetan: ka baraya nu boga akses ka mana-mana, ka Foundation di jero/luar
negeri, mangga diantos tanagana kanggo ngojay di nomer ieu.


11.      Melakukan usaha-usaha lain yang sah dan tidak bertentangan dengan
maksud dan tujuan yayasan dengan mengindahkan tata susila serta
ketentuan-ketentuan hukum yang berlaku

(catetan: tah ieu sesa nu teu kasebut 1-10).

Mangga diemutan heula. Mun tos kaemut, sanggup bari rela lillahi ta’ala
demi kamajuan Urang Sunda,  japri ka e-mail si kuring atawa mun wanter
teuneung-ludeung-tandang-nyandang-kahayang, mangga bales ieu postingan.
Mun rek nu nomer 12 jeung saterusna, mangga ngadamel usulan kalebet
program konkrit jeung saha bae nu rek mariluna.

Upami tos panceg, peryogi payung YP, ke ku YP didamel SK-na.

Hatur nuhun,
Diiberkeun 14 November 2005,
Pupuhu Yayasan Perceka -KUSnet,

Mang Jamal



mj

http://geocities.com/mangjamal






Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke