basa ditraktir mudik kamari ku kang Soni, dina beus ngobrol kaditu kadieu. dugi ka ideu kang Oman kapungkur nu ngajak piknik ka Panjalu tea. tah ieu oge lolongkrang tiasa lebet nomer 11. ngayakeun wisata budaya. tiasa tah ngadamel usaha biro perjalanan khusus wisata budaya sunda.
conto: paket Galuh. wisata ka situs2 karajaan Galuh purba. tiasa ngawitan ka panjalu, astana gede kawali, karang kamulyan, teras tungtungna ka pangandaran. mun aya nu jagoan widang wisata tiasa digarap daria sareng sae prosekna oge sigana bakal tiasa rada mantuan ngahirupkeun ekononomi wilayah panjalu, kawali. urang panjalu atanapi kawali, bojong karang kamulyan ciamis, tiasa ngadamel penginapan/hotel oge ngadamel suvenir pikeun turis ti jkt-bdg nu ka darinya. lamina tur tiasa diatur. paket Pajajaran: tujuan utama, batutulis, tapi muter ka wewengkon situs sapertos rancamaya, jst. paket Sangkuriang: ieu wisata di sabudeureun Bandung, tangkuban parahu, dano purba bdg, jst. paket Kanekes: tujuan Kanekes Baduy tea. Cirebon, Banten tiasa oge bari sakantenan wisata alamna. sareng sajabina, tiasa diolah deui ku nu ngartos usaha wisata. namina, tiasa ngangge (conto) Sundanese Cultural Tour. tiasa misah (independen) teu kedah dipayungan yp. wisatawana, salian baraya KUSnet oge baraya sanesna. instansi, turis luar, lokal, murid sakola, jsb. enya, mun bisa mah piresepeun sigana. jalan2 sakulibek tatar sunda. mj http://geocities.com/mangjamal > Punten kang Jamal, si teteh mah lain rek ngiring lelang, da teu bisa > nanaon, malihan teu walakaya. Mung asa aya anu can kanomeran alias usul > ...eta perkawis obyek wisata anu dimana wae ayana. Ceuk pangemut kedah > aya wadah sareng jalmina anu terang perkawis obyek wisata. Contona urang > sby rek wisata ka bdg, pan gampil mun aya jalmi anu terang sagala tina > obyek wisatana dugi ka tempat balanjana . Nyakitu deui obyek wisata salian > ti daerah jabar. Anu ngawadahan eta teh KUdu urang sunda anu aya diamana > wae ayana. . Kitu kang..!. punten bilih lepat hartos, lepat nyerat, hatur > nuhun. > > baktos > ipeut ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

