Tah ieu kang Jamal anu dipikahoyong ku sakumna urang sunda khususna si teteh. Kamari oge waktos mudik ka lembur aya anu ngajak ka Ciadun, si teteh mani giak hayang terang laut kidul. Padahal kamari masih aya waktos tiasa kukurilingan heula kanggo wisata budaya anu ku kang Jamal tos di serat, mung can apal tea, sareng ka saha minangsaraya,  antukna ngaringkuk teu kamana-mana. Tah ieu garapan teh bakal pihadeeun, untung keur sarerea. Sok atuh, ka baraya Kusnet mangga geura garap ieu lahan bakal sae. Tahun payun upama aya umur jeung aya rizkina si teteh hayang ngurilingan tempat-tempat wisata budaya anu aya di tatar sunda.  Nuhun kang...!
 
teh tien
(Kapayun mun tiasa mah, acara HBH teh piknik anu nguntungkeun sarerea.Sapertos wisata budaya tea, ngarah US kusnet, terang...! khususna si teteh, jeung resep wae lah bari ador-adoran.....he he)

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

basa ditraktir mudik kamari ku kang Soni, dina beus ngobrol kaditu kadieu.
dugi ka ideu kang Oman kapungkur nu ngajak  piknik ka Panjalu tea. tah ieu
oge lolongkrang tiasa lebet nomer 11. ngayakeun wisata budaya. tiasa tah
ngadamel usaha biro perjalanan khusus wisata budaya sunda.

conto:

paket Galuh. wisata ka situs2 karajaan Galuh purba. tiasa ngawitan ka
panjalu, astana gede kawali, karang kamulyan, teras tungtungna ka
pangandaran. mun aya nu jagoan widang wisata tiasa digarap daria sareng
sae prosekna oge sigana bakal tiasa rada mantuan ngahirupkeun ekononomi
wilayah panjalu, kawali. urang panjalu atanapi kawali, bojong karang
kamulyan ciamis, tiasa ngadamel penginapan/hotel oge ngadamel suvenir
pikeun turis ti jkt-bdg nu ka darinya. lamina tur tiasa diatur.

paket Pajajaran:
tujuan utama, batutulis, tapi muter ka wewengkon situs sapertos rancamaya,
jst.

paket Sangkuriang:
ieu wisata di sabudeureun Bandung, tangkuban parahu, dano purba bdg, jst.

paket Kanekes:
tujuan Kanekes Baduy tea.

Cirebon,
Banten

tiasa oge bari sakantenan wisata alamna.

sareng sajabina, tiasa diolah deui ku nu ngartos usaha wisata.

namina, tiasa ngangge (conto) Sundanese Cultural Tour. tiasa misah
(independen) teu kedah dipayungan yp. wisatawana, salian baraya KUSnet oge
baraya sanesna. instansi, turis luar, lokal, murid sakola, jsb.

enya, mun bisa mah piresepeun sigana. jalan2 sakulibek tatar sunda.

mj

http://geocities.com/mangjamal


>



SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke