|
Kahatur,
Rai anu pangbageurna sadunya
Enung junjunan ati, panglipur eusining
kalbu,bingah pagalo sareng kareuwas nampi serat tisalira teh, bingahna
lantaran tos lami dianti anti, atuh reuwasna lantaran eusina matak nyentug kana
jajantung, ngajedag kana tulang iga, sumarambah kana bayah, reuwas alah batan
kabentar kugelap tengah poe ereng ereng awor sareng ngagelegerna sora galunggung
basa keur bitu. Asa teu gugur teu angin, majarkeun teh akang kacilakaan.
Beja tisaha ? Sareng serat tisaha ? Da akang mah teu rumaos ngintun serat
samodel kitu. Malihan alhamdulillah dugi ka danget ayeuna masih dipaparin jagjag
waringkas teu kirang nanaon, ngan nyaeta ari biwir mah tetep we jeding tilas
kapungkur ku salira digegel bakating ku geugeut. Hmm...matak kitu ge panginten
aya nu hoyong tali katresna urang, peunggas ditengah dijalan. Eta mah teu
langkung salira, mun salira percanten kana eusi serat eta,panginten salira ku
anjeun anu nyoehkeun lambaran kasatian urang salami ieu.
Enung...ayeuna mah tong ngagulung kabingung,
miara karempan, da akang mah ti baheula ge tetep satia, moal sulaya kana
jangji komo deui midua katresna, ampun paralun teuing. Deneng eta
dipangumbaraan seueur nu ngeleketek hate, rea anu ngajamparing ati, tapi hate
akang tetep nyangreud pageuh, ngait dina kastop hate anjeun. Najan paanggang aya
dipentaseun sagara, tetep hate urang mah pan teu weleh paanjang-anjang.
Najan rasa tibelat dugikeun ka janten jarawat, rasa karindu dugikeun ka
ngabatu, demi kasatian,tetep ari nerejel mah ngan ukur dina impian, ukur jeung
anjeun.
Enung...sasih rayagung sakedap deui nyungsi,
sasih nu ku urang dianti-anti bakal nohonan jangji,sapapait samamanis dina
iketan laki rabi, sasih nu ku urang diantos-antos, bakal ngaraosan anu raos
raos. Urang ikrar dipayuneun panghulu, bakal satia satuhu, silih asah,silih
asih, silih asuh, silih asaan. Naha leres cinta teh pinuh mamanis, naha leres
cinta teh keueut alahbatan peueut? Jawabna, yu urang buktikeun dina mangsa
peuting munggaran. Ehem !
Enung...perkawis raksukan,tempat resepsi,kartu
ondangan,juru rias, orgen tunggal, sareng nu sanesna, teu kedah janten emutan,
akang pasti tanggel waler, maksad teh tanggel waler ngadugikeun ka tuang
rama, keun wang carioskeun kieu " Pan bapa teh tos masihkeun sinyai ka
abdi, atuh sakanten we masihan kanggo waragadna, upami tos nikah sakantenan
masihan sareng rorompokna, oge sawah ledokna, teu kakantun honda jazz-na,
tong kapalang nya bela, janten mitoha pangbageurna sadunya !"
Enung junjunan ati, panglipur eusining kalbu,
bade wakca tiayeuna margi dina waktosna panginten ngan ukur rangkibung ku rasa
rindu, rarebo ku rasa kasono, deneng eta nu jajap bakal ngaleut ngeuhkeuy
bandaleut, hapunten upami dina emprona ngan ukur ngaripuhkeun tukang susuguh.
Hayu atuh sabada walimahan mah urang gura giru ka vila Batan urang
cacarekan sakantenan hanimunan salami tujuh wengi tujuh dinten. Keun ulah
kaganggu ku rametuk, ulah kagoda kunu ngolebat, sabab rumetuk sareng nu ngolebat
ge, panginten kabitaeun ningal urang duaan sosonoan. Salajengna hayu urang
nyeepkeun kapanasaran, urang ayang-ayanggung, leumpang paduduaan mapay mapay
jalan Cipularang. Kumaha kersa ? Naha geuning bet ngabetem. Pajar atuh cinta teh
pinuh pangorbanan, pajar atuh kaasih teh taya pisan ka pamrih.
Mung sakitu anu kaunggel, nitih wanci nu
mustari, ninggang mangsa nu sampurna,urang patepung lawung di bale nyungcung
dina sasih rayagung ! Mugia !
Nu nganti dipangumbaraan
----- Original Message -----
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran sunda pituin
- Re: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran Puspita Widyamulya
- Re: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran Kang Adoel Tea
- Re: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran tarawadul tarawadul
- Re: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Wal... Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran sara raka
- Re: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran indung peuting
- Balasan: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Walera... amin mina

