Sigana mah mun dibasajankeun mah bisa disebut program "back to leuit" nya? Jadi masarakat urang teh ulah sina ngalobakeun teuing ngajual beas, tapi justru neundeun beas di leuit, leuwihna kakara dijual dihilikeun jeung pangabutuh lianna.

Kiwari mah jaman teh geus tibalik deui. Baheula, jaman kuantitas, urang nalungtik varietas unggul, silangan, sangkan produksina loba, tahan wereng, masalah rasa mah teu prioritas. Oge pamakean pupuk, pestisida jsb. Na ari ayeuna, loba nu nyiar varietas lokal/asli, nu rasana pelem jsb, sayur organik alami jsb.

isk

On 12/20/05, cep_runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mmmm.....topik anu sae kanggo didiskusikeun.
Sateu acana panginten aya sababaraha anu kedah ku urang
dipilarian informasina.
1. Kumaha sistem distribusi beas anu asalna ti Jawa Barat.
2. Sabaraha produksi beas di urang, sabaraha tingkat
konsumsi beas di urang sareng kedah aya proyeksi kapayuna
?
3. Naha leres Jabar ka etang sesah kana beas?
4. Kumaha kaayaan sentra2 anu ngahasilkeun pare/beas
ditingali tina kondisi lahan, jrd.
5. Kumaha perpolitikan/kabijakan per-beas-an anu
diterapkeun ku pamarentah Jabar/pusat?
6. Kumaha perkembangan teknologi dina per-beas-an.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke