Kedah na mah "back To Leuit". hanjakal pangabutuh rahayat tos norojol.
sigana mah kedah diperhatoskeun strategi pertanian pamarentah urang,
1. kumaha sangkan ngaberdayakeun masyarakat, hasil panen teu langsung dicandak kulak di sawah.
2. kumaha sangkan "tanah pertanian produktif" teu alih fungsi jadi industri / rumah / ruko jsb
3. kumaha sangkan rahayat tani betah jadi "ki tani
4. kumaha sangkan sakola tani di Bogor "back to Basic" ka sawah, ka kebon, sanes ka Bank ( jadi singkatan na sanes Institut Perbankan Bogor )
5. kumaha sangkan ki tani ngurangan kana pupuk kimia
tapi rada sesah sabab 70% - 80% rahayat Indonesia aya di desa alias ki-tani, tapi 70 - 90% na mung tani gurem, alias jadi ki-tani teu gaduh tanah leuwih ti 500 m
kumaha teu rek ngajual pare, sawah garapan na mung satenga hektare, anak dua sakola deui
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sigana mah mun dibasajankeun mah bisa disebut program "back to leuit" nya? Jadi masarakat urang teh ulah sina ngalobakeun teuing ngajual beas, tapi justru neundeun beas di leuit, leuwihna kakara dijual dihilikeun jeung pangabutuh lianna.
Kiwari mah jaman teh geus tibalik deui. Baheula, jaman kuantitas, urang nalungtik varietas unggul, silangan, sangkan produksina loba, tahan wereng, masalah rasa mah teu prioritas. Oge pamakean pupuk, pestisida jsb. Na ari ayeuna, loba nu nyiar varietas lokal/asli, nu rasana pelem jsb, sayur organik alami jsb.
isk
On 12/20/05, cep_runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Mmmm.....topik anu sae kanggo didiskusikeun.
Sateu acana panginten aya sababaraha anu kedah ku urang
dipilarian informasina.
1. Kumaha sistem distribusi beas anu asalna ti Jawa Barat.
2. Sabaraha produksi beas di urang, sabaraha tingkat
konsumsi beas di urang sareng kedah aya proyeksi kapayuna
?
3. Naha leres Jabar ka etang sesah kana beas?
4. Kumaha kaayaan sentra2 anu ngahasilkeun pare/beas
ditingali tina kondisi lahan, jrd.
5. Kumaha perpolitikan/kabijakan per-beas-an anu
diterapkeun ku pamarentah Jabar/pusat?
6. Kumaha perkembangan teknologi dina per-beas-an.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

