Wilujeng ngariung di Kusnet teh Fuji, punten ah elat
ngabageakeunnana..
nepangkeun wasta sim kuring pamasihan ti ibu rama mah Cecep Wahyu
sok dicalukan Ule atawa Uul, kawit ti Bandung ayeuna nuju bubuara di P. Bintan (
Pulo sagedengeun Batam ). nembe bade 11 tahun abdi di Kepri teh.. ah teu kaluar
nagreg mung kaluar Pulo Jawa bae... sieun tebih tebih teuing teh... beurat ku
ongkos mudix ;p
ayeuna
Alhamdulillah tos dipasihan budak awewe hiji yuswa 1tahun 10 bulan... pon kitu
oge tos dipasihan isteri anu oge nembe hiji..heheeee....
tapi
ti ngawitan sasih November '05 tug dugi ka awal April '06, sim kuring janten
Jajaka paruh waktu.. ;)
Mangga
sing betah tumaninah.. Alhamdulillah seueur anu dipulung ku abdi salami janten
warga Babakan Kusnet teh.. ayeunamah tos wantun nga SMS wargi di Bandung ngangge
basa Sunda.. ngirim serat ngangge basa Sunda.. nyarios teu bingung naon sundana,
kumaha anu sae jang anu langkung sepuh... beginoh..
kaleresan panginten ayeuna nuju ngariung teh kaum lalakina.. itu Wanoja
namah nuju di pawon oge aya anu nuju ngumbahan piring sadulur dulurna ( sendok,
garpuh jsb.. )..
mangga
ah lajengkeun
Baktos,
Ule *
Tukang mulungan + Tukang Noongan
-----Original Message-----Haturnuhun ka sadayana...
From: Fuji Koesumadewi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, January 05, 2006 7:35 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] nepangkeun
Aduh bingung, bade cacariosan tapi da teu terang naon basa sundana,
janten isin, hehehe....
Kang rahmat, abdi mah depokna di mutiara depok (tole iskandar)..
Alhamdulillah di depokna teh sareng pun lanceuk (caroge)..
Abdi ayeuna damel di Jakarta, nembe sataun, da lulusna oge nembe sataun,
hehe...
Punten ari di kusnet teh seuseurna ku akang2 nya?
Kamarana atuh teteh2na?
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

