Karasa kunu sok ngudud eta paraturan the jigana matak beurat
Manehna rada kasingker teu bisaeun udud sambarangan karunya manehna...
Tapi nu karunya pisan mah nu tara udud di puleuk kunu sok udud dina bis
kota atawa angkot nya lieur, bau jeung panyakit eta teh haseup rokok teh
komo keur barudak leutik(orok) karunya eta orok teu boga dosa der di
puleuk haseup udud ku urang anu sok ngudud...
Dipikir-pikir kiwari lalampahan ngudud dina bis kota atawa angkot jeung
tempat umum lianna matak nyiksa batur geuning, dosa meureun-nya 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Wednesday, February 08, 2006 3:47 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] UDUD

Udud teh cenah kaasup hak asasi, matakna basa diberlakukeun paraturan
anu ngalarang udud disambarangan tempat, loba nu sing gereneng. "Beu
udud ge mani diatur sagala!" Padahal larangan samodel kitu ku pengelola
pom bengsin mah geus tibaheula mula diterapkeun, matakna mun keur ruang
riung heug teu dibarengan jeung udud sok aya nu nyelengkeung. " Kawas
dipom wae euy!"  Enya bisa kabayang kuayana paraturan eta, nu ngageni
mah asa ripuh tur kasiksa pisan, da lain di pom wae nu teu meunang
kulupas kelepus teh, nya kayaning rumah sakit,beus, sakola,mol,komo di
Batawi mah sapanjang jalan protokol oge teu meunang.

Ceuk nu biasa ngaroko, ududeun teh kaasup batur nu pangsatiana, kamana
mana teu weleh dibawa, komo ceuk nurahul mah meni pok pisan, mending
tinggaleun bujur daripada tinggaleun ududeun. Kituna mah pantes, da udud
teh miboga sensasi sorangan pikeun nu ududna, komo mun tas dahar peuteuy
atawa jengkol mah, bisa peureum beunta bakating ku ni'mat, tapi aya oge
nu nyebutkeun leuwih ni'mat udud di wc bari "ngaheujeun". Mun kitu mah,
paingan ceuk beja, disalasahiji wc umum aya saurang lalaki ngahaja
kajero wc bari mawa tilu bungkus roko, bakating ku ni'mat nepikeun ka
erepna, atuh puguh we antrian dihareupeun wc aya kana tilu kilona.

Saprak diberlakukeun uu larangan ngaroko di tempat umum, loba keneh
jalma nu can nyaho atawa pura pura teu nyaho. Kawas ceuk beja deui anu
teu puguh sumberna, aya saurang aki-aki ka tewak ku trantrib lantaran
ngelepus udud padudan dihiji halteu di wewengkon jalan Sudirman, waktu
ditanya,cenah lain teu nyaho paraturan, tapi pan nu dilarang mah roko,
lain padudan, ceuk siaki bari nyerengeh. Aya deui kabejakeun, bakating
ku teu biasa mun teu mawa ududeun, disamping eta sieun oge ari kudu
didenda 50 juta lantaran poho ngelepus ditempat umum, nya antukna
diakalan kieu, ari mawa mah mawa bungkus roko tapi eusina ngan ukur
tusuk gigi jeung empeng, nya mun sawaktu waktu hayang udud, tinggal muka
bungkus roko, saterusna mah nek ngempeng heula terus nyeuhil atawa
sabalikna, atawa nek ngempeng bari jeung nyeuhil.

Udud teh identik jeung lalaki malahan ciciren lalaki dewasa salasahijina
nya nu geus bisa udud tur diserebengkeun kana irung. Aya oge awewe nu
sok udud ngan jumlahna teu rea, ayana dikalangan tertentu kadang identik
ka awewe bangor. Kitu deui pamor jalma bisa ditiley oge tina roko naon
nu sok di ududna, atawa bisa ditebak pakasabanana, misalna mun hiji
jalma sok ngaroko samsu kretek pasti moal jauh ti supir beus, atawa tina
kabiasaanana, mun rokona sok diselipkeun kana ceuli pasti pakasabanana
tukang bas ( lain tukang ngeben). Kumaha mun lalaki tara ngaroko? Mun nu
nileina awewe, nileina bisa alus bisa oge goreng, alusna pasti disangka
calon dokter atawa jalma hemat, atuh gorengna bisa disangka lalaki boke
atawa bisa leuwih ekstrim malah disangka boga panyakit bengek.

Bakating ku rea anu kadedemes kanu udud, dina kahirupan sapopoe oge sok
teu leupas tina istilah anu aya sangkut pautna jeung perududan, misalna
duit persenan sok disebut "uang roko" atawa mun keur ruang riung sok
disebut "ngadu bako". Kitu deui merek ududeun alias roko reana ampir
sabanding jeung merek sampo, atuh peminatna,mun geus cocok kahiji merek,
sok panatik, kitu deui kasampo mun geus cocok kahiji sampo tara ieuh
pindah kelain hati, ngan bedana dina iklanna, ari iklan sampo mah
meunang nayangkeun anu keur diangir tapi ari iklan roko mah teu meunang
nayangkeun nu keur ngelepus udud.

Mangrupakeun panutup,ieu oge aya sangkut pautna jeung udud. Dongengna
kieu aya saurang pasen datang ka hiji dokter, ku dokter langsung
ditanya.
"Boga panyakit naon jang ?"
"Napas abdi engap, nyesek, kadang sok disada ngik-ngikan !"
"Mun kitu mah coba udud cukup dua batang sapoe !"
"Ari obatna naon ?"
"Enya coba eta heula, cukup dua batang heula sapoe !"
"Oh kitu, sumangga atuh ari kitu mah !"
Heuleut sababaraha poe, pasen datang deui katingali malah tambah parah.
"Kumaha geus mendingan ?" ceuk dokter
"Puguh kalahka parna !"
"Pan geus dilaksanakeun parentah kamari !"
"Parantos !"
"Eta ujang ari biasana sok seep sabaraha bungkus sapoe !"
"Puguh tikapungkur ge abdi mah tara ngaroko pisan !"
SR 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke