Pinter kang Nanang....., Cing upami " Bobot pangayon timbang taraju" sareng "Sabobot sapihanean, sabata sarimbangan" eta naon hartosna...? ipeut
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Wa'alaikum salam Wr. Wb. Mangga Kang Ono, wilujeng sumping. abdi Ndoell, leres ti Linggarjati, Kuningan. abdi kénéh anu sok nagog di milis Kuningan_Asri Hamil téh dina basa sunda diantawisna : Kakandungan, Bobot, Bureuyeung ogé reuneuh. conto kalimahna : -Pun bojo ayeuna nuju kakandungan -Bobotna pun bojo ayeuna tos lebet ka opat sasih -Pamajikan si Anu geus bureuyeung deui baé, padahal mah anakna téh geus reuay. -Ari nyanéh direuneuhan ku saha ? punten bilih lepat mah. -dul- tukang teuing --- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote: > > Assalamualaikum Wr. Wb. > Wilujeung sonten ka sadayana.... > > Punten bade ngiring ulubiung....Nanging sateuacanna, sakali deui bade > nepangkeun heula, bilih aya batur salembur baraya sadesa anu sami > ngiringan ngareuah-reauah di ieu komunitas urang sunda. Nami mah Ono > Taryono, pameget, yuswa 24 taun, kawit ti Kuningan. Pami teu lepat, Kang > Ndoell oge kawitna ti Kuningan, sanes kitu Kang (Ndoell)...??!! Padumukan > ayeuna di Jakarta, di wewengkon Tebet Wetan, caket ka Cawang. Janten kuli > di salah sawios pausahaan enjineering. > > Dina waktos ayeuna, Abdi gaduh patarosan. Dupi basa Sunda na 'hamil' teh > naon nya Kang, Teh, Emang, Ua...??!!Di Kuningan mah, hususna di lembur > Abdi, basa Sunda na 'hamil' teh nyaeta 'reuneuh', maenya jiga ka sato > hehehe...Ketang da Abdi oge tos biasa nganggo kecap 'reuneuh' ieu pami di > lembur mah. > > Abdi sok ngaraos bingung, pami aya rerencangan 'kuliah'-na pun bojo, > naroskeun ngeunaan 'kabar' pun bojo. Maksad mah bade nyarios ka aranjeunna > yen pun bojo nuju 'hamil', nanging bingung naon basa Sunda-na. > > Teras, kajabi ti eta, aya oge nu naros kieu ka Abdi "Kumaha istri si Aa > teh tos 'ngeusi' tacan..??!!". Naha kecap 'ngeusi' oge tiasa dianalogikeun > sareng 'hamil'...??!! > > Hiji deui Akang, Teteh....Abdi pernah mireng oge kecap 'bureuyeung'. Pami > ditilik dina kalimahna mah jigana teh hartosna sami sareng 'hamil' dina > bahasa Indonesia. > > Isin mah isin, naroskeun masalah kieu di ieu komunitas teh. Katara pisan > Abdi jalmi anu bodo...(Aaah keun we lah da rumasa kurang pangabisa, ceuk > paribasana teu bodo-bodo acan). > > Cag ah sakieu we heula. > > > > Salam Baktos, > > > Ono Taryono > NB : Sakantenan kecap 'kuliah' sareng 'kabar' dina kalimah-kalimah diluhur kinten-kintenna digentos ku kecap naon anu langkung merenah...??!! > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

