Kang Kumincir, aya nu ngaguar ngeunaan 'dinosaurus' teu...??!Abdi mah 
panasaran Kang...??!!Sagede naon eta sato teh...??!Teras, sacara ilmiah 
numutkeun ahli arkeologi naha leres aya kitu...??!

Basa mangkukna, alo Abdi nanya meuni teu eureun-ereun ngeunaan 
'dinosaurus' ieu....


Salam Baktos,



Ono Taryono
 



"kumincir" <[EMAIL PROTECTED]> 
Sent by: [email protected]
02/15/2006 12:59 PM
Please respond to
[email protected]


To
"Kusnet" <[email protected]>, "Kisunda" 
<[email protected]>, "[EMAIL PROTECTED]" 
<[EMAIL PROTECTED]>, "barayasunda" <[email protected]>, 
[EMAIL PROTECTED]
cc

Subject
[Urang Sunda] Wikipedia: papatong






Papatong téh serangga nu asup kana ordo Odonata, subordo Epiprocta, jeung,
dina jihat husus, infraordo Anisoptera. Cirina nyaéta panon majemuk nu
badag, dua pasang jangjang ngalangkang, sarta tungtung awak nu panjang.

Kadaharan papatong ilaharna mah reungit, laleur, nyiruan, kukupu, sarta
sarupaning serangga leutik lianna. Lingkungan hirup papatong biasana di
sabudeureun situ, pasawahan, pokona mah deukeut ka cai, sabab larvana, nu
katelah "kini-kini" téa, hirup na cai. Papatong mah tara ganggu, nyoco 
atawa
nyeureud manusa; malah mah, papatong téh gedé pisan ajénna salaku pamangsa
nu mantuang ngontrol populasi serangga nu bahya samodél reungit.

Daur hirup
Daur hirup papatong, ti endog nepi ka paéhna nalika geus kolot, rupa-rupa,
ti genep bulan nepi ka genep-tujuh taun. Papatong bikang napelkeun endogna
dina atawa deukeut cai, misalna dina dangdaunan/jukut cai. Anu lila mah
mangsa jadi kini-kini, dina jero cai, ngarénghap maké insang, sarta 
ngahakan
invertebrata atawa vertebrata lian kayaning lauk leutik jeung buyur. 
Nalika
geus sawawa dina ujud papatong, spésiés nu gedé mah bisa hirup nepi ka 
opat
bulan.

Fakta umum

Catetan rékor
Papatong jaman baheula mah ukuranana leuwih badag batan papatong kiwari. 
Nu
pangbadagna, kapanggih salaku fosil, nyaéta Protodonata nu ngaranna
Meganeura monyi ti mangsa Permia, nu bébér jangjangna nepi ka 70–75 cm;
bandingkeun jeung papatong jaman kiwari, nu pangbadagna ukur 19 cm, nyaéta
papatong éndemik kapuloan Hawaii: Anax strenuus. Spésiés pangleutikna nu
kungsi kacatet nyaéta papatong libellulid, Nannophya pygmaea ti Asia 
wétan,
nu bébér jangjangna ukur 20 mm.

Papatong mangrupakeun serangga panggancangna, bisa nepi ka 60 mph [1].
Papatong Common Green Darner, (Anax junius), mangrupakeun salahsahiji
papatong pangbadagna tur panggancangna, bisa hiber nepi ka 85 km/jam (53
mph).

Téténjoan papatong mah hadé pisan, ku ayana struktur panon nu ahéng:
30.000fasét nu masing-masing mangrupakeun organ pangrasa cahya nu
misah
(ommatidia), nu ngahasilkeun panénjo ampir 360°.

Kamuflase
Anyaran ieu kapanggih yén papatong bisa metakeun ilusi optik, nu disebut
"kamuflase gerak" (motion camouflage), pikeun ngadodoho serangga séjén nu
asup ka jajahanana. Nalika nyerang mangsana, papatong bisa metakeun gerak 
nu
justru kawas nu teu usik, kitu cenah ceuk para panalungtik.

Klasifikasi

Papatong Purba (Anisozygoptera)
Sacara konvénsional, Anisoptera subordona aya gigireun "papatong purba"
(Anisozygoptera, dua spésiés hirup kénéh, nu lianna mah geus lastari), 
tapi
anyaran ieu aya katangtuan yén Anisozygoptera téh ngabentuk susunan
parafilétik salaku dulur primitif Anisoptera. Ku kituna, Anisoptera
diturunkeun kana infraordo, jadi subordo anyar Epiprocta (papatong sacara
umum).

Papatong vs. papatong jarum
Papatong jarum (Subordo Zygoptera) di urang mah sok disaruakeun jeung
papatong biasa, padahal béda: papatong jarum mah mun keur eunteup 
jangjangna
tara mébér, béda jeung papatong nu salawasna mébér. Ogé panonna, papatong
jarum mah misah, sedengkeun papatong mah ampir paadek. Duanana kaasup
Odonata, nu mibanda daur hirup nu sarupa.

Sumber rujukan
    * Dragonfly, Wikipédia édisi basa Inggris per 8 Januari 2006.

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Papatong";

Kategori: Serangga | Odonata

--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke