Euleuh meuni rame kieu nya diskusi ngeunaan teori evolusi vs teori 
intelligent design teh...??!!Mimitina ti Abdi naroskeun ngeunaan 
dinosaurus tea, teras ngarembet ngeunaan manusa purba, kadituna deui 
ngarembet ngeunaan teori evolusi sareng intelligent design. Tetela, Abdi 
ngaraoskeun hiji mangfaat anu nyata ku ayana ieu babakan kusnet, minangka 
media kanggo nambihan wawasan.

Atuh ngeunaan teori evolusi sareng teori intelligent design, sacara 
pribadi Abdi teu gaduh gambaran teori nu mana nu leres. Ngan Abdi mah 
gaduh hiji pamadegan, Al-Quran teh asalna ti Gusti Alloh, kitu deui elmu 
asalna ti Gusti Alloh. Kusabab dua-duana damelan Alloh SWT, pasti moal aya 
elmu anu patukangtonggong jeung eusi Al-Quran atawa sabalikna. Mun misalna 
oge aya elmu anu teu sajalan jeung Al-Quran, ieu nandakeun yen elmu-na 
manusa masih aya watesna.

Sabenerna mah, dina Al-Quran sorangan 'sarat' atawa pinuh ku elmu 
pangaweruh. Ngan elmu pangaweruh ieu aya nu jentre disebatkeun dina 
Al-Quran, aya oge anu disilokakeun (dikiaskeun). Pami teu lepat mah aya 
dawuhan Gusti Alloh anu unggelna kirang langkung kieu (punten pami lepat 
pang lereskeun) :

"Jeung saenyana Kami geus ngulang sababaraha kali ka manusa dina Al-Quran 
ieu, ngeunaan sagala rupa hal siloka (kiasan), ngan hanjakal teu saeutik 
manusa anu ingkar" (Al-Israa : 89).

"Jeung saenyana Kami geus nurunkeun hiji kitab (Al-Quran) ka maranehna, 
anu dina eta kitab Kami jentrekeun ngeunaan 'dadasar' pangaweruh Kami, anu 
jadi pituduh jeung rohmat pikeun jalma-jalma anu ariman." (Al-A'raaf : 
52).

Tah, dumasar kana hal eta, ngeunaan asal muasal mahluk hirup nu aya di 
alam dunya ieu, sakuduna teu patukangtonggong jeung Al-Quran. Misalna we 
ngeunaan asal muasalna manusa. Apanan dina Al-Quran oge disebatkeun yen 
Nabi Adam AS didamel ku Gusti Alloh tina taneh, langsung kun fayakun, 
sanes katurunan tina 'monyet' jeung sabangsana. Kitu oge urang sadaya 
didamel ku Gusti Alloh, hakekatna mah, tina taneh (saripati taneh). Ngan 
bedana jeung Nabi Adam, ari urang mah aya proses-na ti mimiti saripati 
taneh, teras janten 'segumpal darah', jst....

Kawajiban urang sarerea, ngagali elmu pangaweruh Gusti Alloh, kujalan 
neleman 'ayat-ayat' Mantenna, boh ayat-ayat Al-Quran atanapi ayat-ayat anu 
nyampak di alam dunya katut eusina ieu.

Cag ah...teu karaos geuning tos ngayayay seratan teh. Punten sanes 
mamatahan ngojay ka meri....rumaos Abdi mah teu bodo-bodo acan....
Sakali deui bilih aya anu lepat, punten pang lereskeun.


Salam Baktos,



Ono Taryono 
 



"Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]> 
Sent by: [email protected]
02/20/2006 09:37 AM
Please respond to
[email protected]


To
[email protected]
cc

Subject
[Urang Sunda] Ba: Re: Ba: Re: Wikipedia: papatong ==> Dinosaurus...??!!






Hatur nuhun, kang, kana waleranna.

Leres pisan kang teu tiasa di jantenkeun referensi ilmiah eta seratan 
Harun
Yahya teh upami kitu mah.
Tapi ieu mah pamendak sim kuring wae salaku muslim ; Dina Qur'an teu
disebatkeun yen
asal-muasal manusa teh tina monyet. Janten manusa mah manusa, sato mah 
sato.
Naha abdi make percanten kana paham kieu. Mangga we pilariang pertentangan
dina
Qur'an tanwande(pasti ?) akang moal mendakan. Malahan mah seueur seratan
dina Qur'an
anu ngabahas kajadian alam dibuktoskeun ku panalungitkan ilmiah jaman
kiwari, contona :
Yen gunung, taneuh teh bergerak sanes cicing. Teras aya deui aliran cai
tawar anu teu ngahiji sareng cai laut tapi ayana dina jero laut, Fir'aun 
di
teuleumkeun
di jero laut teras di salametkeun jasadna ku Allah, Kaum Ad anu digulung 
ku
angin
beureum nu kacida panasna. Sareng rea-rea deui.
Saur abdi mah ieu teh sanes mung kaleresan tapi hiji buktos leresna Al
Quran. Malahan seueur nu ngabuktoskeun kana teori dina Al Quran ieu teh
sanes urang muslim
tapi urang non muslim.
Sim kuring sanes arkeolog janten teu tiasa ngabuktoskeun kana leresna 
teori
ieu mung upami
aya arkeolog anu jembar (luas ?)elmuna sareng ageung ka imananna kersa
ngabuktoskeun kana
teori ieu tangtos bakal kabuktosan
kana leresna teori ieu teh. Tapi ieu mah mung kasauran (pendapat ?) sim
kuring.

Hapunten kana ka kiranganna sareng kalepatanna. Sareng nyungkeun koreksina
utamina kana kecap
sunda anu kuring teu terang/lepat.

pun Ari.

> Kang Ari, kuring kungsi maca, Buku Harun Yahya teh, aya nu mostingkeun
> kahiji millis Islam. Ieu mah ceuk kuring,  eusi buku ieu ( "Runtuhnya
Teori
> Darwin/ EVolution Deceit") leuwih mirip karangan buku pangaweruh populer
> tinimbang buku Ilmiah. Janten teu tiasa dilebetkeun karya ilmiah. Eusi
buku
> ieu meunang cutut-cutat tina artikel tina jurnal Ilmiah, atawa majalah
semi
> Ilmiah jiga  majalah "Nature". Nu dicutatna nyaeta padungdengan para 
ahli
> (nu sadayana oge pro Teori Evolusi) dina hiji masalah ku kapendakna 
buktos
> enggal. Contona umpami mendakan tulang fosil. Ceuk ahli si A ieu teh
tulang
> mangkeluk nu engkena jadi manusa, Ceuk ahli si B, lain, ieu mah tulang
fosil
> monyet, Ceuk ahli si C, beda deui. Ku Harun Yahya, padungdengan ieu,
dicutat
> sapotong-sapotong, dina bagean nu nguntungkeun "teori" manehna. Atuh 
puguh
> we siga enya, da disalenggorkeun tina maksud nu sabenerna.


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke