Kuring sapamadegan sareng kang Ono yen urang kudu
yakin percaya ka al Qur'an, utamina dina soal asal
muasal manusa. Dina soal nambah pangaweruh, sae pisan
nu dijalankeun ku bah Willy, mung nu kedah jadi emutan
urang sadaya teh, mangkahade iman urang ulah tepikeun
kaelehkeun saatosna milari elmu; kitu deui ulah
dugikuen ka jadi syirik (ngaduakeun Alloh), tegesna 
eta elmu nu kapanggih teh lamun saluyu jeung al Quran
atuh mangga urang ditarima, tapi lamun patukang
tonggong (sapertos nu nyebatkeun asal muasal manusa ti
monyet), wajib ditolak.

Baktos
Jaka

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Teori Epolusi sanes hartosna teu percaya kanu Maha
> Kawasa. Tangtos wae 
> sadayana oge asal muasalna mah ti nu Maha Kawasa. 
> Atuh perkawis Nabi Adam, 
> manusa munggaran, kuring mah henteu ngartikeun
> sacara harfiah. Tapi kuring 
> lain ahli agama, teu bisa nerangkeun
> panjang-panjang. Nu penting mah  kuring 
> tetep teu leungit kaimanan kuring kanu Allah Swt,
> bari tetep we resep macaan 
> buku pangaweruh populer atawa film Discovery. Ngan
> untungna kuring teh teu 
> didamel di widang nu aya sangkut pautna jeung teori
> epolusi, beda jeung kang 
> Kumi, sang kuncen, nu didamel di lembaga Eykman, nu
> kamari "ngagorowok" dina 
> postinganana : " Kuring MAKE!", cenah.
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> ----- Original Message ----- 
> From: <[EMAIL PROTECTED]>
> Atuh ngeunaan teori evolusi sareng teori
> intelligent design, sacara
> > pribadi Abdi teu gaduh gambaran teori nu mana nu
> leres. Ngan Abdi mah
> > gaduh hiji pamadegan, Al-Quran teh asalna ti Gusti
> Alloh, kitu deui elmu
> > asalna ti Gusti Alloh. Kusabab dua-duana damelan
> Alloh SWT, pasti moal aya
> > elmu anu patukangtonggong jeung eusi Al-Quran
> atawa sabalikna. Mun misalna
> > oge aya elmu anu teu sajalan jeung Al-Quran, ieu
> nandakeun yen elmu-na
> > manusa masih aya watesna.
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke