Nuhun pisan kang Ono.
Ngiring bimbel masih keneh ti kawit kelas 2 tos
ngiring, diajarna mah rajin da alhamdulillah pun anak
mah sadayana oge (3 urang, 1 tos kuliah semester 4)
tara aya nu ngiring abrul2an, sanaos malem minggu.
SOal biaya, pami tos lebet mah Insya Alloh sanggemlah
da rejeki mah ti Alloh. Nu sesah teh lebetna ka Ono
(jigana salian ti kudu pinter teh mimilikan oge).
Nuhun pisan kana bantosannana. 

Wassalam
Jaka

--- [EMAIL PROTECTED] wrote:

> Pami putra Kang Jaka leres-leres hoyong lebet Teknik
> Kimia mah sae Kang, 
> sok dukung ku Kang Jaka salaku rama-na. Prospek
> kapayunna insya Alloh moal 
> surem, punten ieu mah sanes promosi oge nyombongkeun
> diri hehehe...
> 
> Paguron luhur anu ngagaduhan jurusan Teknik Kimia
> kalayan biaya kuliah 
> sareng biaya hirupna kaetang mirah mah rupina ITS
> (di Surabaya) sareng 
> UNDIP (di Semarang). ITS sareng UNDIP ieu, pami teu
> lepat mah, tacan 
> otonomi kampus, janten masih aya subsidi ti
> pamarentah. Benten sareng ITB, 
> UI atanapi UGM anu tos otonomi kampus (ti taun
> 2000), biaya kuliah na 
> langkung awis. 
> 
> Nanging sok sanaos biaya kuliah na awis oge,
> sakaterang Abdi, di ITB tacan 
> pernah aya mahasiswa anu di-DO (dikaluarkeun)
> gara-gara kirang mampu 
> kaayaan ekonomi-na. Di ITB alhamdulillah seuseur
> beasiswa, aya beasiswa 
> ekonomi (kanggo anu teu mampu), beasiswa prestasi
> (kanggo anu 
> berprestasi), beasiswa ti kedutaan-kedutaan besar
> sareng rea-rea deui. 
> Malihan mah kanggo tugas akhir oge aya beasiswa-na.
> Abdi kantos gaduh 
> rerencangan anu kenging beasiswa langkung ti hiji
> (dua dugi ka tilu macem 
> beasiswa).
> 
> Nanging duka tah di paguron luhur nu sanes mah, Abdi
> kirang terang...
> 
> Kang Jaka...
> Da sepuh Abdi oge sanes jalmi anu 'aya', kumaha we
> panghasilan urang 
> kampung...Anu penting mah, saur sepuh baheula apanan
> asal keyeng tangtu 
> pareng. Kapungkur, Abdi mah sok ngiringan buburuh
> janten guru privat 
> atanapi guru bimbel, lumayan kanggo nambihan uang
> jajan sadidinten hehehe. 
> Harita mah uang SPP teh 1.1 jt sa-semester (taun
> 2000), jigana dua kali 
> lipet uang SPP di UPI. Ayeuna duka tos sabaraha... 
> 
> Ngeunaan trik supados lebet PTN, numutkeun pamadegan
> ngiringan bimbel oge 
> Abdi tos cekap. Nanging lembaga bimbelna pami tiasa
> mah anu tos qualified 
> sapertos GO, SSC sareng Nurul Fikrie (kanggo di
> Bandung sareng di 
> Jakarta). Tuang putra kedah tiasa ngukur kamampuan,
> biasana aya Try Out 
> kanggo ngukur eta kamampuan masing-masing siswa. Tah
> sing sering wee 
> ngiringan Try Out-na....
> 
> Sareng hiji deui Kang, tuang putra kedah sering
> ngadoa (Abdi percanten 
> putra Kang Jaka mah tangtos sholeh hehehe....).
> Sejakeun nyuhunkeun doa 
> restu ka sepuh (terutami ka Ibu)....Karaos ku Abdi
> kapungkur waktos bade 
> tes UMPTN (ayeuna mah namina SPMB). Syareatna ku doa
> restu pun 
> biang....,da Abdi mah teu kalebet murid anu di
> pinter di sakola teh. 
> 
> Cag ah sakitu we heula Kang, punten sanes niat Abdi
> mamatahan ngojay ka 
> meuri, sanes niat ujub riya sareng takabur, paralun
> anu kasuhun...
> 
> 
> 
> Salam Baktos,
> 
> 
> Ono Taryono
> Anu nuju ka emutan deui peurih-peuheur-na 'masa-masa
> kuliah' kapungkur.... 
> 
>  
> 
> 
> 
> "joko tingkir" <[EMAIL PROTECTED]> 
> Sent by: [email protected]
> 02/22/2006 10:01 AM
> Please respond to
> [email protected]
> 
> 
> To
> [email protected]
> cc
> 
> Subject
> Re: [Urang Sunda] Nyuhunkeun informasi (Kimia vs
> Teknik Kimia...??!)
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Nuhun pisan kang Ono kana bongbolongannana. Numawi
> pun
> anak teh hoyongna ka Teknik Kimia sanes Kimia Murni.
> Upami ngirin SPMB salian ti usaha kursus "bimbel"
> teh,
> kumaha cara milih universitas supaya bisa katarima.
> Ari kahayang mah di PTN nu hade sapertos UI, UGM,
> tapi
> bayaranna rada murah, anu kahontal ku panghasilan
> sorangan tina gajih bulanan. Kumaha saena tah kang
> Ono
> (mun bisa mah di Jkt da pun anak teh awewe bisi
> heureut lengkah).
> 
> Wassalam
> Jaka
> 
> --- [EMAIL PROTECTED] wrote:
> 
> > Kang Jaka (oge nu sanesna)....
> > 
> > Abdi bade mairan sakedik ah. Kaleresan Abdi
> > kapungkur kantos kuliah di 
> > Jurusan Teknik Kimia. 
> > 
> > Kieu Kang, jurusan "Kimia (murni)" benten pisan
> > sareng jurusan "Teknik 
> > Kimia". Kimia (murni) mah kirang langkung
> neuleuman
> > ngeunaan pangaweruh 
> > alam nu aya patula-patalina sareng parobihan sifat
> > hiji zat sacara 
> > kimiawi. Cindekna mah, jiga pangajaran elmu kimia
> di
> > SMU ngan langkung 
> > diteuleuman deui. Elmu pangaweruh nu diteuleuman
> > 'cenderung' skala 
> > laboratorium. Tah, pami Teknik Kimia mah kirang
> > langkung neuleuman 
> > ngeunaan teknologi 'pemrosesan' atanapi ceuk
> bahasa
> > sadidinten mah 
> > teknologi kumaha carana ngarobih hiji 'bahan baku'
> > janten 'produk' anu 
> > ngagaduhan nilai tambah tur nguntungkeun sacara
> > ekonomi. Elmu pangaweruh 
> > nu diteuleuman 'cenderung' skala industri (atanapi
> > komersil). Sanes elmu 
> > kimia-na wungkul, nanging kedah ngagaduhan oge
> dasar
> > elmu fisika, 
> > matematika sareng ekonomi. Di jurusan Teknik
> Kimia,
> > mung sakedik 
> > pangajaran elmu Kimia-na mah, kinten-kinten 8-10
> SKS
> > tina total 144 SKS 
> > (di Teknik Kimia ITB).
> > 
> > Pami putra Kang Jaka seneng ka elmu Kimia, jigana
> > langkung cocok lebet ka 
> > jurusan Kimia (murni) we atanapi Farmasi. Teu
> > sakedik da rerencangan Abdi 
> > oge anu kapungkur waktos SMU seneng elmu Kimia,
> > teras kuliah nyandak 
> > jurusan Teknik Kimia, teras ngaraos teu cocok.
> > Ahirna mah kuliah na janten 
> > teu optimal, margi teu saluyu sareng minat tea. 
> > 
> > Ketang Kang Jaka, da Abdi oge kapungkur waktos SMU
> > teh paling seneng kana 
> > pangajaran elmu Kimia. Teras, Abdi hoyong lebet
> > jurusan Teknik Kimia, 
> > margi seneng Kimia tea....hehehe....Ngan
> > alhamdulillah Abdi mah tiasa 
> > 'adaptasi'....
> > Malihan ayeuna ngaraos 'bogoh' pisan ka Teknik
> Kimia
> > teh...Teu nyalahan 
> > geuning milih jurusan teh...
> > 
> > Aaah eta mah kumaha putra Kang Jaka wee...Abdi mah
> > darma masihan terang 
> > yen Kimia benten pisan sareng Teknik Kimia. Oh
> > sumuhun Kang, di Indonesia 
> > jumlah insinyur teknik kimia masih sakedik
> > dibandingkeun sareng jumlah 
> > insinyur teknik-teknik anu sanes,  misalna we
> > insinyur teknik sipil sareng 
> 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke