Urang tambahan dongengna.
  Hiji waktu kuring aya kasempetan ngadon luha loho ka hiji pabrik komponen 
barang elektronik, di lembur urang Malayu. Panyangka kuring, sugan teh pabrik 
gede, pedah sok dipake praktek latihan industri ku mahasiswa. Barang geus 
anjog, ka tempatna, asa percaya asa heunteu, nu disebut pabrik teh geuning ngan 
ukur jiga saung. Tadina mah rek balik deui, bisi salah tempat nu rek dijugjug, 
ngan kagok asong, da jauh lalampahan teh. Nanya, ka satpam, geuning bener eta 
tempatna. Eta pabrik teh, geuning ngan ukur nyieun komponen display LCD pikeun 
barang elektrik jeung elektronik. Jiga keur display keur kalkulator, display 
keur kontrol kulkas, jeung sajabana. Numutkeun nu boga eta pabrik, cenah produk 
manehna teh di expor ka luar nagara. Upama noong ka dinya, naon nu 
didongengkeun ku Kang Budi, jigana aya benerna, batur mah dina usaha teh 
bagi-bagi, teu ukur digugulukeun ku pabrik gede. Mun teu salah, ieu teh aya 
dina kawijakan, hiji desa hiji industri. (mh)
  
Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Ieu mah teori saka, Jepang jeung Malaysia babagi dina usaha, nu katempona 
loba UKM anu maju nepi ka bisa impor, nyieun pabrik di luar nagarana. Meureun 
ieu mah, ku sabab loba pabrik, loba nu digawe, aya persaingan anu sehat, 
akibatna kualitas barang jadi nu utama. Ari di urang, hayoh we ngagulang gaper 
pabrik nu gede bari jeung anu ceuk koran ieu mah hutangna oge teu kurang 
gedena. Heup ah . bisi beuki loba salahna



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
Yahoo! Mail
Bring photos to life! New PhotoMail  makes sharing a breeze. 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke