Kang MH, nu kudu diomean ku bangsa urang teh nyaeta
sifat sarakahna; geus dibere sajeungkal, menta
sasikut, dibere sasikut, menta sadeupa, tungtungna
hayang dikuasaan ku sorangan. Lian ti eta, sok make
manajemen meulah awi, enya nangngkat ka luhur
(pingpinan) ngidek ka handap (anak buah) atuh rame
bae.

Baktos
Jaka

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Urang tambahan dongengna.
>   Hiji waktu kuring aya kasempetan ngadon luha loho
> ka hiji pabrik komponen barang elektronik, di lembur
> urang Malayu. Panyangka kuring, sugan teh pabrik
> gede, pedah sok dipake praktek latihan industri ku
> mahasiswa. Barang geus anjog, ka tempatna, asa
> percaya asa heunteu, nu disebut pabrik teh geuning
> ngan ukur jiga saung. Tadina mah rek balik deui,
> bisi salah tempat nu rek dijugjug, ngan kagok asong,
> da jauh lalampahan teh. Nanya, ka satpam, geuning
> bener eta tempatna. Eta pabrik teh, geuning ngan
> ukur nyieun komponen display LCD pikeun barang
> elektrik jeung elektronik. Jiga keur display keur
> kalkulator, display keur kontrol kulkas, jeung
> sajabana. Numutkeun nu boga eta pabrik, cenah produk
> manehna teh di expor ka luar nagara. Upama noong ka
> dinya, naon nu didongengkeun ku Kang Budi, jigana
> aya benerna, batur mah dina usaha teh bagi-bagi, teu
> ukur digugulukeun ku pabrik gede. Mun teu salah, ieu
> teh aya dina kawijakan, hiji desa hiji industri.
> (mh)
>   
> Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>     Ieu mah teori saka, Jepang jeung Malaysia babagi
> dina usaha, nu katempona loba UKM anu maju nepi ka
> bisa impor, nyieun pabrik di luar nagarana. Meureun
> ieu mah, ku sabab loba pabrik, loba nu digawe, aya
> persaingan anu sehat, akibatna kualitas barang jadi
> nu utama. Ari di urang, hayoh we ngagulang gaper
> pabrik nu gede bari jeung anu ceuk koran ieu mah
> hutangna oge teu kurang gedena. Heup ah . bisi beuki
> loba salahna
> 
> 
> 
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! Mail
> Bring photos to life! New PhotoMail  makes sharing a
> breeze. 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke