Nyabit-nyabit Jepang, jadi katoel hoyong ngiring mairan...
Dina bisnis bangsa Jepang aya istilah zaibatsu (ramat lancah keuangan) anu
tungtungnga ngalahirkeun keiretsu (ramat lancah pausahaan). Model ramat
lancah ieu hartina meh sarupa jeung konglomerat di negara urang, hanjakalna
teu pati atra katingal ku urang anu henteu ngiringan ancrub di eta
pausahaan.
Anu kungsi kaalaman sorangan salila meh 10 taun kuring digawe di 2 pausahaan
konglomerat Jepang. Dihandapeun hiji pausahaan gede (siga Toyota, Yamaha,
Sony, Matsuhita jrd) aya sababaraha lapis balad-balad eta pausahaan anu
miboga fungsi nyumponan pangabutuh pausahaan indung eta. Pausahaan anu aya
dina lapis kahiji biasana nyumponan bahan baku utama jeung spareparts anu
diperyogikeun ku pausahaan indung. Pausahaan-pausahaan di lapis kadua
biasana nyumponan pangabutuh pausahaan lapis kahiji. Lapisan katilu biasana
miboga fungsi anu diluar proses produksi siga nyadiakeun sistem logistic,
machinery, jsb.
Balad-balad pausahaan ieu sumebar di sakuliah dunia, utamana di nagara
berkembang, diadu maniskeun jeung di olo ku tawaran alih-teknologi. Namung
hanjakal dina prakna, sumebarna eta pausahaan teh teu jauh tina
itung-itungan kauntungan ti murahna tanaga buruh jeung harga taneuh di
nagara berkembang. Alih teknologina mah mung konsep wungkul. Biasana
departemen riset & teknologina masih keneh muser di kantor pusat Jepang.
Kumaha di nagara urang? nya sami bae kitu oge kaayanana. Geus meh saparampat
abad boga kerjasama jeung nagara Jepang dina industri otomotif, angger bae
teu matak industri otomotif urang jadi mandiri. Teu aya alih teknologi.
Urang mung saukur kabagean produksi jeung miceun hasil produksi (pasar).
Konsep jeung teknologi angger eta mah bagean bangsa deungeun. Beda jeung
malaysia anu ayeuna geus tegep pisan kana proyek proton-na. Enya salah
sorangan, urang teu boga visi dina ngawangun industri di nagara sorangan.
Urang masih keneh fokus kana duit investasi, anu sipatna jangka pendek.
Urang tacan mikir siga kumaha bentuk industri anu berkonsep jangka panjang.


Cag sakitu bae heula, bisi loba salahna..

Baktosna pun akos


On 3/1/06, kamurer <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Budhi Setiawan wrote:
> >
> > Lain pamadegan ekonom, ngan sakadar ngadongeng lalakon dadagangan ...
> >
> > Barang dagangan anu dibawa, aya oge produk ti Malaysia. Ieu barang
> > mesenna ti importir Malaysia - Indonesia, manehna bisa basa Indonesia.
> > Disaliksik, geuning merk anu asalna ti Malaysia mah rupa-rupa, upamana
> > kecap amisna merk Tamin, kecap asinna merk Aminah Hassan, sausna merk
> > Bingham. Kalapa parutna merk Sejati, bumbu-bumbu jadina merk adabi,
> > brahim, agromas kumaha rasana. Ari anu asalna ti Indonesia, ti mimiti
> > bumbu, mie, sambel kabehna samerk . Indofood.
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke