Urang tambahan deui ngacaprukna. Baraya, cing sugan aya nu apal, ari urang kira-kirana bisa teu nyieun motor? Naha naon hesena nyieun motor teh, geuning ari nyieun kapal ngapung bisa? Noong kana motor, upama urang ngilikan sababarah tahun ka tukang, ayeuna nu ka tingggali boa-boa aya puluhan merek motor teh. Ngan duka teuing naha aya motor nu dijieun di urang. Padahal upama dibandingkeun jeung nyieun pesawat, nyieun motor mah geus puguh pasti aya nu meulina, teu kudu dijual ka batur. (mh)
Akos Kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Nyabit-nyabit Jepang, jadi katoel hoyong ngiring mairan... Dina bisnis bangsa Jepang aya istilah zaibatsu (ramat lancah keuangan) anu tungtungnga ngalahirkeun keiretsu (ramat lancah pausahaan). Model ramat lancah ieu hartina meh sarupa jeung konglomerat di negara urang, hanjakalna teu pati atra katingal ku urang anu henteu ngiringan ancrub di eta pausahaan. Anu kungsi kaalaman sorangan salila meh 10 taun kuring digawe di 2 pausahaan konglomerat Jepang. Dihandapeun hiji pausahaan gede (siga Toyota, Yamaha, Sony, Matsuhita jrd) aya sababaraha lapis balad-balad eta pausahaan anu miboga fungsi nyumponan pangabutuh pausahaan indung eta. Pausahaan anu aya dina lapis kahiji biasana nyumponan bahan baku utama jeung spareparts anu diperyogikeun ku pausahaan indung. Pausahaan-pausahaan di lapis kadua biasana nyumponan pangabutuh pausahaan lapis kahiji. Lapisan katilu biasana miboga fungsi anu diluar proses produksi siga nyadiakeun sistem logistic, machinery, jsb. Balad-balad pausahaan ieu sumebar di sakuliah dunia, utamana di nagara berkembang, diadu maniskeun jeung di olo ku tawaran alih-teknologi. Namung hanjakal dina prakna, sumebarna eta pausahaan teh teu jauh tina itung-itungan kauntungan ti murahna tanaga buruh jeung harga taneuh di nagara berkembang. Alih teknologina mah mung konsep wungkul. Biasana departemen riset & teknologina masih keneh muser di kantor pusat Jepang. Kumaha di nagara urang? nya sami bae kitu oge kaayanana. Geus meh saparampat abad boga kerjasama jeung nagara Jepang dina industri otomotif, angger bae teu matak industri otomotif urang jadi mandiri. Teu aya alih teknologi. Urang mung saukur kabagean produksi jeung miceun hasil produksi (pasar). Konsep jeung teknologi angger eta mah bagean bangsa deungeun. Beda jeung malaysia anu ayeuna geus tegep pisan kana proyek proton-na. Enya salah sorangan, urang teu boga visi dina ngawangun industri di nagara sorangan. Urang masih keneh fokus kana duit investasi, anu sipatna jangka pendek. Urang tacan mikir siga kumaha bentuk industri anu berkonsep jangka panjang. Cag sakitu bae heula, bisi loba salahna.. Baktosna pun akos ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Brings words and photos together (easily) with PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

