Urang lain teu bisa nyieun motor, mobil, kapal selam, pesawat
Malah pesawat ulak-alik ge bisaeun..........................
Ngan teu aya "kemauan politik" ka arah dinya ti pamarentahna
Loba teuing "kapelentingan" pribadi nu asup ka pamarentahan meureun
Jadi euweuh duit keur nyieun nu kitu......................
Sakanyaho simkuring kuduna tahun 2003 urang geus kudu "meluncurkan"
satelit ngan teu jadi, euweuh duit nu karek di coba teh roket 230
mm(sukses) ngan jang ngembangkeunna can ka dangu deui  
Lamun urang daek noong ka tukang indonesia negara pertama di asia yang
sukses di bidang roket,kapal laut, pesawat terbang tapi nyaeta loba
teuing "kapelintangan" 
*kedah emut malaysia belajar ilmu pengetahuan, minyak ti indonesia
tapi............. teuing ah................
jadi sedih nyarioskeunna
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Wednesday, March 01, 2006 10:53 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Investasi Jepang, Malaysia, Indonesia

Urang tambahan deui ngacaprukna.
Baraya, cing sugan aya nu apal, ari urang kira-kirana bisa teu nyieun
motor? Naha naon hesena nyieun motor teh, geuning ari nyieun kapal
ngapung bisa?
Noong kana motor, upama urang ngilikan sababarah tahun ka tukang, ayeuna
nu ka tingggali boa-boa aya puluhan merek motor teh. Ngan duka teuing
naha aya motor nu dijieun di urang. Padahal upama dibandingkeun jeung
nyieun pesawat, nyieun motor mah geus puguh pasti aya nu meulina, teu
kudu dijual ka batur. (mh)

Akos Kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     Nyabit-nyabit Jepang, jadi
katoel hoyong ngiring mairan...
 Dina bisnis bangsa Jepang aya istilah zaibatsu (ramat lancah keuangan)
anu tungtungnga ngalahirkeun keiretsu (ramat lancah pausahaan). Model
ramat lancah ieu hartina meh sarupa jeung konglomerat di negara urang,
hanjakalna
 teu pati atra katingal ku urang anu henteu ngiringan ancrub di eta
pausahaan.
 Anu kungsi kaalaman sorangan salila meh 10 taun kuring digawe di 2
pausahaan konglomerat Jepang. Dihandapeun hiji pausahaan gede (siga
Toyota, Yamaha, Sony, Matsuhita jrd) aya sababaraha lapis balad-balad
eta pausahaan anu miboga fungsi nyumponan pangabutuh pausahaan indung
eta. Pausahaan anu aya dina lapis kahiji biasana nyumponan bahan baku
utama jeung spareparts anu
 diperyogikeun ku pausahaan indung. Pausahaan-pausahaan di lapis kadua
biasana nyumponan pangabutuh pausahaan lapis kahiji. Lapisan katilu
biasana miboga fungsi anu diluar proses produksi siga nyadiakeun sistem
logistic,
 machinery, jsb.
 Balad-balad pausahaan ieu sumebar di sakuliah dunia, utamana di nagara
berkembang, diadu maniskeun jeung di olo ku tawaran alih-teknologi.
Namung hanjakal dina prakna, sumebarna eta pausahaan teh teu jauh tina
itung-itungan kauntungan ti murahna tanaga buruh jeung harga taneuh di
nagara berkembang. Alih teknologina mah mung konsep wungkul. Biasana
departemen riset & teknologina masih keneh muser di kantor pusat Jepang.
 Kumaha di nagara urang? nya sami bae kitu oge kaayanana. Geus meh
saparampat abad boga kerjasama jeung nagara Jepang dina industri
otomotif, angger bae teu matak industri otomotif urang jadi mandiri. Teu
aya alih teknologi.
 Urang mung saukur kabagean produksi jeung miceun hasil produksi
(pasar).
 Konsep jeung teknologi angger eta mah bagean bangsa deungeun. Beda
jeung malaysia anu ayeuna geus tegep pisan kana proyek proton-na. Enya
salah sorangan, urang teu boga visi dina ngawangun industri di nagara
sorangan.
 Urang masih keneh fokus kana duit investasi, anu sipatna jangka pendek.
Urang tacan mikir siga kumaha bentuk industri anu berkonsep jangka
panjang.
 
 Cag sakitu bae heula, bisi loba salahna..
 Baktosna pun akos  



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
Brings words and photos together (easily) with
 PhotoMail  - it's free and works with Yahoo! Mail.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke