Haturan Kang Denis, Sae pisan eta rarancang medalkeun kamus Basa Sunda teh. Kacida reueusna, moal lami deui rupina urang Sunda gaduh kamus Sunda - Perancis. Ongkoh, ceuk cenah, aya kasaruaan antara basa Sunda jeung basa Perancis (duka lebah mana, mangga Kang Denis dihaturanan ngaguarna). Bisa jadi, kamus salira teh ngarupikeun hiji-hijina kamus Basa Sunda - Perancis.
Seja ngarewong ieu teh, bade tumaros: Kumaha lalakon salira ngempelkeun basa Sunda anu tos dugi ka 10.000 (tangtuna oge tos dilengkepan ku tarjamahanana dina basa Perancis)? Mugi kerja ngadadarkeun sakedik mah masalah naon wae anu biasa kapendak nalika narjamahkeun basa Sunda kana basa Perancis? oge naha aya anu matak nambahan sumanget (upamana, kaendahan, kamudahan) dina ieu proses narjamahkeun? Hatur Alesan anu panungtung atawa talatah anu pangakhirna ditepikeun memang - ceuk cenah - ngarupakeun pesen atawa talatah anu pangpentingna tina hiji runtuyan biantara atawa tulisan. Jadi, memang penting ngayakinkeun yen wanoja Sunda teh gareulis, boa-boa panggeulisna sadunya (minimal ceuk salakina atawa kabogohna hehehe). baktos, manAR On 3/2/06, Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > kahatur Kang mj > > Atuh, Kang, bakat pinter kuring mani diwatesan ageungna. Sanaos kitu, > rarancang kuring engkena (????) teh ngabijilkeun kamus Sunda-Perancis > kulantaran teu acan kantos dibijilkeun (upami teu lepat). Tos sapuluh rebu > kecap dikempel ku kuring dina hiji database dugi ka ayeuna. Sualna teh > kabeungharan kosa kecap basa Sunda nu luar biasa, nu meureun hiji-hiji di > dunya. > > Salian ti eta kuring katarik pisan ku tata basa jeung sajarah bangsa > Sunda. Alasan nu panungtungan tapi nu penting, saurna para wanoja Sunda nu > panggeuslisna di dunya....he..he..he.. > > Baktos, Kang Denis > ----- Original Message ----- > From: mj > To: [email protected] > Sent: Wednesday, March 01, 2006 11:39 PM > Subject: [Urang Sunda] Re: Naros hartos -kang Denis > > > > heuheu. ampun paralun kang, sanes ka dinya maksad seratan sim kuring teh. > mung mupuas ka urang sunda sorangan nu paroho deui basa sunda. hehe. > > tangtos we ari sikep sim kuring ka kang Denis mah reueus nu aya. margi > sanaos dengeun2, tos kersa diajar basa Sunda. urang dieu diajar basa > Inggris Perancis Jerman teu aneh, tapi mun batur diajar basa Sunda rada > aneh, margi kabisaaan di urang, nu diajar basa teh dipatalikeun sareng > kapentingan ekonomi, sakola atanapi padamelan. > > sim kuring oge ngaraos reueus ka Mikihiro Moriyama, nu desertasina di > Leiden perkawis budaya cetak kesastraan Sunda abad 19. ngulik sajarah basa > Sunda, tos tiasa ngengingkeun gelar Doktor. Bukuna, Semangat Baru, > Kolonialisme, Budaya Cetak dan Kesastraan Sunda Abad ke 19, baris dibedah > di pangulinan sim kuring, Rebo 5 April 2006. > > tah kang Denis oge diantos karyana perkawis basa Sunda atanapi budaya > Sunda sanesna. > > baktos ti bdg > mj > > > > ----------- > > kahatur Kang mj > > Mudah-mudahan peta kuring enggoning ngiring dina ieu forum moal dianggap > > kawas kalakuan nu angkuh, sanaos abdi sanes urang Sunda pituin. Nu diarah > > ku kuring teh mung diajar basa Sunda kabehanana wungkul(boh lemes boh > > loma, boh di Wetan boh di Kulon, boh buhun boh moderen) sakalian > > ngabantos upami tiasa mah sareng ngecek dina kamus-kamus. Ari wangun > > tinulis dina pesen kuring, neda dihapunten, sanes kulantaran > > ngumalungkung (dugi ka matapahan) tapi kulantaran teras-teras diajar > > tina buku wae. > > Hormat baktos > -------------------- > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of > china Organizational culture > Organizational culture change Jewish culture > > > > ------------------------------------------------------------------------------ > YAHOO! GROUPS LINKS > > a.. Visit your group "urangsunda" on the web. > > b.. To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of > Service. > > > > ------------------------------------------------------------------------------ > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

