Ceuk rarasaan kuring mah anu kaasup basa dusun teh nyaeta:'kanggo' jadi 
'kangge', sarta 'minggu' jadi 'minggon'... 
  
  Ari 'pribadi' jeung 'pribados' teh naha bener saharti jeung sarua  
larapananan? Naha kecap 'pribados' dina kalimah basa lemes kieu:  "Pribados 
atas nami kulawargi Mang Engkos...", bisa diganti ku  'pribadi' dina basa ngoko 
(mun tea mah 'pribados' lain  basa dusun)? Ceuk kuring mah kecap 'pribadi' 
panceg dina conto kalimah  kieu: "Kuring pribadi teu panuju kana pamadegan 
sarupa kitu...". Tuh  geuning 'pribadi' jeung 'pribados' teh teu saharti... 
BTW, 'satuju' atawa 'panuju' seeehhh... Ah, diganti we kalimahna jadi kieu: 
"Kuring  pribadi teu sapagodos jeung pamadegan sarupa kitu..." ('satuju' jadi  
'sapagodos', 'kana' jadi 'jeung'... Tapi tangtu 'satuju' atawa 'panuju'  teh 
teu saharti jeung 'sapagodos'... 'Sapagodos' mah resistansi-na leuwih 
hampang...)
  
  Tapi (oge) asana mah 'pribados' teh kaasup basa dusun (jeung salah  
larapan)... Kalimah di luhur asa leuwih ngeunah lamun siga kieu: "Sim  kuring 
atas nami kulawargi Mang Engkos...". Jadi kecap 'pribados' teh  teu diperlukeun 
dina Basa Sunda... (Lakadalah... wawanianan kieu si  AJ...! Tapi da kitu 
kuduna, basa dusun teh teu diperlukeun...)
  
  'Sim kuring' ceuk kuring mah kaasup basa lemes, bisa ngaganti kecap  'abdi' 
pikeun nu ngarasa beurat ngagunakeun kecap 'abdi' (sabab kecap  'abdi' 
ngahandapkeun teuing dirina, popoyongkodan teuing pikeun dirina,  sanajan teu 
kabeh US sapagodos jeung sikep kaya kieu), tapi aya oge nu  mucunghulkeun kecap 
'sim abdi' (anu ceuk kuring mah basa dusun) pikeun  ngaganti 'sim kuring'. Di 
sagigireun eta, aya nu ngaganti 'sim kuring'  jadi 'si kuring' anu karasana 
henteu lemes atawa ngoko, siger tengah  meureun, pas bujal (punten ah... da 
sering ningal di jalan ayeuna mah  geuning) he he...
  
  'Abdi', taya lian hartina iwal ti 'abid' (Arab, nyanyahoanan yeuh)  'budak' 
(Indonesia), 'hamba sahaya' (Indonesia). Kukituna, teu aneh  lamun 'abdi' dina 
Basa Sunda teh papadananana 'saya' dina Bahasa  Indonesia, anu asalna tina 
'sahaya', 'budak' (Indonesia) tea... Nya  pantes bae lamun Iwan Fals tara 
ngagunakeun kecap 'saya', tapi 'aku'...  Tapi, kapan 'aku' mah asalna ti 
wetan... Tapi keun bae ah, da Iwan Fals  oge lain Bandung pituin... (naha jadi 
ka dieu na nyaritana...!!??)
  
  'Taya lian' teh asalna tina kalimah 'teu aya lian' anu sok dilemeskeun  jadi 
'teu aya sanes'... Tah tah tah... Kuring panuju lamun 'lian' teh  lemesna 
'sanes'. 'teu aya sanes' jadi 'teu aya lian' mah netelakeun  yen, dina lebah 
dieu mah, basa ngoko teh eleh ku basa lemes, teu bisa  ngokokeun 'teu aya'... 
Supaya teu kaciri teuing elehna, nya (dina basa  ngoko) 'teu aya' teh jadi 
'taya'... Licik nya...!!
  
  Punten ah ngocoblak...
  
  AJ
  
  

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          
  
  aya kecap2 basa sunda, nu siga basa lemes, tapi mun diilikan, cenah eta
  teu lain basa lemes siga dina UUB. sanaojan sami we tujuanana mah,
  enggoning ngalemeskeun basa.
  
  kang Adang S, pangarang sastra sunda -ayeuna pupuhu Caraka Sundanologi -nu
  pangsiunan tangtara siliwangi, kantos nerangkeun dina kongress awal2
  KUSnet, taun 2001an, cenah nu kitu teh basa dusun. hartina, enya dilelemes
  tapi teu dina basa sunda baku. nya rada barayana basa sunda nu pikeun
  budak leutik, basa ogo atawa ngogo.
  
  angge acukna, neng...biasa dilarapkeun ka balita kelas A.
  balita kelas B mah, bawah lima puluh tahun.
  tuang, dahar, neda, pikeun budak jadi emam.
  
  duka tah nu jadi os dihandap kieu lebet ka bsd (basa sunda dusun) atawa
  henteu.
  
  sanajan =sanaos
  kaharti=kahartos
  karasa=karaos
  pribadi=pribados
  tongo= tongos...eh salah nu ieu mah.
  
  robah hurup:
  kanggo= kangge
  minggu= minggon
  robah=robih
  
  
  
  mj
  
  http://geocities.com/mangjamal
  
  
  
  
            

    Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
    

                      

          SPONSORED LINKS    
                                                        Corporate culture       
                                   Business culture of china                    
                      Organizational culture                                    
                                      Organizational culture change             
                             Organizational culture assessment                  
                        Jewish culture                                          
                                   
        
---------------------------------
    YAHOO! GROUPS LINKS  
  
      
    Visit your group "urangsunda" on the web.
     
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
     
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.  
  
      
---------------------------------
  
  
          

                
---------------------------------
Yahoo! Mail
Bring photos to life! New PhotoMail  makes sharing a breeze. 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke