Ti surelek Kang Emod : "....Gabungan tina tilu elemen eta disebut "Segitilu Seuneu", nu ngabalukarkeun reaksi kimia AXOTHERMIC nu disebut SEUNEU....."
Punten ah Kang, aya koreksi sakedik. Sakaterang Abdi mah sanes reaksi AXOTHERMIC nanging reaksi EXOTHERMIC. Nyaeta hiji reaksi kimia anu ngahasilkeun (energi) panas. Reaksi EXOTHERMIC ieu sesah dikontrolna. Kanggo mareuman 'kahuruan leutik' mah gampil pisan. Nu penting aya media kanggo ngahalangan nyampurna tile elemen nu disebatkeun ku Kang Emod tea dihandap. Misalna we nganggo handuk baseuh, karung baseuh, 'urugan' keusik sareng sajabina. Kuayana eta media, oksigen radi sesah nyampur sareng fuel (atanapi bahan bakar).... "emod_morales" <[EMAIL PROTECTED]> Sent by: [email protected] 03/20/2006 03:55 PM Please respond to [email protected] To [email protected] cc Subject [Urang Sunda] KAHURUAN...KAHURUAAAAN...! KAHURUAN Kahirupan manusa gumantung pisan kana seuneu. Tapi dina tempat jeung jumlah anu teu dipikaharep, seneu jadi ngabahayakeun. Tah ieu nu disebut KAHURUAN. Seuneu gampang ngajadi ( hurung) jeung bisa gancang mencar ( ngalentab) kamana-mana. Jeung nyababkeun karugian anu gede lain bae pakaya tapi nyawa manusa. Kusabab eta, bijaksana pisan lamun urang sakabeh nyegah KAHURUAN saencan kajadian. Kumaha seneu bisa hurung ? Unsur Kimia Seneu Seneu merlukeun tilu elemen supaya hurung 1.Heat/Panas: Panas diperlukeun jang naekeun suhu material nepi ka titik hurung 2.Fuel/Bahan Bakar: Bahan bakar bisa mangrupa teuas, cair atawa gas. Type jeung jumlah bahan bakar bisa nentukeun metode naon anu digunakeun keur mareuman kahuruan. 1.Oxygen/Oksigen: Seneu bisa hurung dina atmosphere anu ngandung paling saeutik 20% oksigen. Tanpa oksigen, lolobana bahan bakar bisa dipanaskeun nepi ka titik pengapian, tapi moal kaduruk / hurung.. Segitilu Seuneu Gabungan tina tilu elemen eta disebut "Segitilu Seuneu", nu ngabalukarkeun reaksi kimia AXOTHERMIC nu disebut SEUNEU. Lamun salah sahiji tina tilu elemen eta leungit / euweuh atawa dicokot, seneu moal kajadian ( hurung ) atawa pareum. Tetekon mareuman seuneu nyaeta ngaleugitkeun salah sahiji atawa leuwih tina eta elemen seuneu. Bagbagan Seuneu dina KAHURUAN Seuneu dikategorikeun jadi sababaraha kelas gumantung tina bahan bakar (banda) anu kadurukna. 1.Seuneu kelas A Kahuruan bahan padet saperti : kertas, karet, kai, kaen dan palastik. 2.Seuneu kelas B Kahuruan bahan bakar cair saperti : Bensin, minyak tanah. Seuneu ngan saukur hurung diluhur bahan ieu, sabab oksigen teu bisa asup kajero cairan. 3.Seuneu kelas C Kahuruan dina paralatan listrik anu masih aya setruman, saperti : perkabelan, motor listrik (Lamun aliran listriknya dipareuman, jadi seuneu kelas A). 4.Seuneu kelas D Kahuruan logam, saperti : magnesium, titanium atau sodium. Bagbagan ieu diperlukeun pisan dina mareuman seuneu jang nentukeun metoda jeung bahan pamareumna. Alat Pamareum Seuneu Alat pamareum seneu nu umum digunakeun nyaeta: 1. Alat Pemadam Api Ringan (APAR). / Naonya Sundana..? 2. Interior wet standpipes/hidran. / Naonya Sundana..? Alat Pemadam Api Ringan (APAR) efektif pisan jang mareuman kahuruan leutik. Imah atawa kantor dianjurkeun sahenteuna boga dua APAR. Tah..sakitu heula sim kuring ngacapruk Cag..Ah Emod Morales [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

