Pangalaman baraya urang Bandung tengah teh teu pati beda jeung kuring.

Baheula basa kuring kakara boga kandaraan anyar, teu nyaho carana mun rek mayar pajeg kandaraan teh. Tah nalikana kandaraan kuring beak masa berlakuna, kuring maksakeun maneh indit ka kantor samsat anu aya di jalan A. Yani Bekasi, da sieun ditangkep polisi lamun keur kabeneran aya razia.

Barang kuring asup ka eta kantor teh kuring hookeun pisan, tetela urang Bekasi mah rarajin pisan nyumponan kawajibanana nyaeta mayar pajeg ka nagara pikeun kasejahteraan para pamingpinna.  Da eta dijero teh meni pegelek-gelek, pinuh pisan. Kabehanna hayang pangheulana mayar kawajibananan. Beda jeung di Masjid, can kabejakeun jelema teh pegelek-gelek hayang panghareupna dia enggoning ngalaksanakeun kawajibanana. Padahal kawajiban di dunia mah mun teu dibayar teh moal matak doraka paling-paling oge di tangkep meren. Beda jeng kawajiban ti pangeran mun teu dilaksanakeun teh bakal disiksa dunia akherat. Tapi naha manusa teh sieun keneh ku pulisi batan ku Allah nya.

Padahal pamarentah mah teu ieuh mikiran nasib rahayatna. Beda jeung Allah anu satiap waktu mere nimat jeung rizkiNa ka urang sadayana. Contona eta hawa (oksigen) anu disesep ku urang tiap detikna. Naha pernah ti antara urang anu pernah mayar kana hawa. Coba lamun urang ka rumah sakit sa tabungna sabaraha ?? bejana hiji tagung teh hargana 80 rebu. Hiji tabung teh paling lila 6 jam. Coba hawa nu kuurang disesep tiap detik keur sare atanapi nyaring. Ti mimiti orok nepi ka ayeuna sigana sabaraha rebu tabung anu geus beak ku urang ? tapi teu ieuh kuurang dipikiran. Sakalieun urang dipenta kunu Maha Kawasa pikeun ngahadep ka Mantena eta bari kukulutus jeung eleked, lalai ceuk bahasa indonesiana mah.

Para pamingpin urang sigana teu pernah mikirkeun nasib urang. Da eta, dina mangsa rahayat cing karoceak lantaran harga-harga pada nerekal naraek lantaran naekna BBM, eh sababraha bulan ti harita ditaekeun deui eta BBM teh jadi sababaraha lipet. Atuh puguh eta daharen oge pating terekel deui naraek. cenah mah nyesuaikeun jeung harag BBM. Da barang dahar teh, diakutanana ku mobil lain ku sapi atawa kuda, anu tangtu butuh kana BBM.

Atuh kabejakan di daerah aya jalma anu teu bisa dahar, lain gering tapi kulantaraan teu aya keur meulina. Matak kabejakan di daerah, cenah aya anggota rahayat anu ka kenaan busung lapar ( alias kalapan) malah loba anu kebejakan maraot saking laparna. Malahan di Bekasi kabejakeun aya anu daharna dua poe sakali.

Rahayat pating gorowok menta ka pamarentah jeung wakilna supaya BBM teh ulah di taekeun. Sigana masing gogorowokan nepi ka adug lajer oge atawa tikoro nepi ka pegat oge teu ieuh dipalire. Da buktina BBM tetep naek.

Ayeuna keur usum hese duit hese gawe pamarentah arek naikeun harga llistrik. Lamun teu dihulag mah ku DPR.

Tapi eda DPR oge teu eleh ku pamarentah maranehna oge ceunah rek naekkeun gajihna. Lamun teu kaburu kanyahoan ku rahayatna. Anu tangtuna eta gajih teh dibayar ku duit rahayatna.

Sigana dina pamikiran para pamingpin urang teh anu aya nyaeta, kumaha sangkan rahayat teh beuki sangsara, beuki balangsak, masakat, kalaparan. Mun bisa mah kumaha sangkan rahayat teh paraeh kabeh. Abeh maranehna bisa ngajualan ieu kakayaan nagara teh ka bangsa sejen. Ka Amerika misalna atawa ka australia.

Balik deui kana carita tadi, basa kuring rek asup ka eta gedong aya tulisan 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN TIDAK MELALUI CALO/PERANTARA'.

Tunduk kana eta tulisan kuring teu malire ka calo-calo anu nanwarkeun jasana. Di don’t waro keun ku kuring teh. Kuring noyod ka loket pendaftaran anu kabeneran di jaga ku salah saurang anggota polisi. Barang kuring tek daftar. Eta Pulisi nanya hayang gancang atwa lila ngurusna. Ceuk kuring nya kantenan atuh hayang gancang, sabab kuring loba pagawean. Ceuk si pulisi laum gancang bayarna kudu sa anu. Tapi lamun hayang lila nya mayar sasuai jeung harga anu aya.

Kuring nanya mun gancang sabarah jam mun lila sabaraha jam ? manehna ngomong. Mun ngurus sorangan bisa kana tilu poena malah bisa opat poe. Tapi lamun lewat saya bisa dua poe.

Ka sawang ku kuring lamun opat poe kumaha kuring digawe. Kuriak dibbaeddan ku dunungan.

Nya kuring ngomong, hayang gancang. Song ku kuring dibayar sapamentana da hayang gancang ieuh. Pikir kuring lamun ka calo tangtu bakal lewih mahal ti batan ka pulisi.

Isukna kuring ka kantor samsat deu rek nyokot nomer jeung stnkna. Nepi ka patugas anu kamari kuring nanya anu kuring geus anggeus acan. Ceuk manehna, kamu tunggu aja di loket plat nomor.

Kuring anteng nuggu eta di loket nomor aya kana tilu jamna. Saengges kitu kuring balik ka imah. Bari hate rada kesel.

Di kantor kuring nyarita ka babaturan yen kuring geus mayar pajeg kendaraan saanu. Babaturan teh pating olohok. Naha bet mahal teuing jeng eta meni lila kitu. Da ceuk maranehna lamun ka calo mah sapoe oge bisa. Jeung mayarna ge teu sabaraha. Ente geus ditipu ku pulisi haha cenah nyengserikeun ka kuring.

Ti harita kuring cadu mun ngurus nanaon ka pulisi kuriak di tipu ku sigejul pulisi teh. Mending oge ka calo sanajan kuring mayar keun waeh itung-itung infaq. Tibatan ka sakadang pulisi gejul. Geus digajih, nipu deuih ka rahayat.

Cag ahh………   

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of AA misan
Sent: Tuesday, March 28, 2006 1:32 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ?

 

Teu sa parapat jam kuring geus nepi ka kantor pajeg kandaraan,  katingali ku kuring aya sababaraha welas wajib pajeg nu boga maksud nu sarua jeung kuring ,juljol ka eta kantor .Bus kuring ngasupkeun STNK heubeul jeung biaya pajegna. Teu kungsi lima menit ngaran kuring geus dipanggil.'Thank you,' ceuk mojang bule geulis jeung seungit bari ngasongkeun pelat nomer anyar nu masa berlakuna nepi ka April 2007. Ah kuring oge thank-you deui bari leos balik. Lima menit bereeessss, euy !

Meureun ceuk mojang Amrik mah sing saha bae nu aya di nagarana teh lain jelema cicing, padahal kuring mah harita keur nganggur.

Tah ayeuna mangga geura urang toong babarengan GALAMEDIA Salasa 28 Maret 2006 dina kolom Interaktif CeplasCeplos, aya baraya urang nu rek mayar pajeg mobil kudu ngadaweung cindeten en dipeuyeum heula di eta kantor samsat Bdg Tengah sababaraha jam pedah (jigana mah) teu nitah 'jelema nu dijero' alias abdi rayat (pulisi + Dispenda) . Beu kacida teuing ! Padahal si bapa teh rek mayar kawajiban, lain rek menta. Bener pisan yen spanduk nu ditulis 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN TIDAK MELALUI CALO/PERANTARA' teh wadul alias bohong badag ! Kuduna mah tulisan eta teh kieu yeuh 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN MELALUI CALO/PERANTARA'

Ngarah gancang anggeus !

Komentarna mah teu langkung baraya.

 

Baktos

Misan .

Tennessee-Amrik .


Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke