lain dikantor polisi wungkul anu kararitu teh, kantor di sagala widang pokonamah nunyanghareupan palayanan ka masarakat geus dipastikeun pabalatak punglinateh, jiga si kuring sawatara waktu katukang lamun teu lepatmah taun 1994 waktos bade ngadamel pasport di kantor imigrasi, etamah dalangsung ditawisan bade nganggo jl. tol atanapi anu biasa, nganggo tol biayana teh 175 rb bisa sadinten beres, mun nganggo biasa saminggu nembe beres bayarnateh 52 rb, jadi saleresna diuihkeun deui kaurang naha bade milih numana ???
On Wed, 29 Mar 2006 08:13:48 +0700 "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ngiring ngamairan... > Aya istilah SAMSAT (SAMa-sama bangSAT) Lebetna teu >Pulisi wungkul sanes? Pegawai PEMDAna ge aya >heheh*.sareng sanes di Kepolisian wungkul, ampir unggal >tempat pelayanan rahayat tos "ilaharna" kitu, duka saha >nu ngamimitian... hese pisan ngalereskeunana. > > Saleresnamah kaayaan ieu teh teu sadayana kalepatan >Pulisi, da rahayat ge lepat. > Sanes rusiah deui, Pulisi mung ngajalankeun tugas >wungkul bari hoyong aya "leuwihna" keur maranehanana >keneh heheh* Barinage teu sadayana Pulisi kitu*Pulisi ge >manusa aya nu bener aya nu salah komo bari jeung sarakah. > Etamah gawean sakadang "oknum" tapi teu hiji, atanapi >dua, ampir sadayana*. hese milarian nu benerna. > > Seuseurnamah urang Indonesia teh resep ngukut panyakit >"Hoream" sareng resep pisan sulap "Sim Salabim! >Abrakadabra!...STNK & SIM jadi..". Kumaha carana supaya >tereh jadi, nya ari teu nganggo artos pasti aya kenalan* > Pami urang nu janten rahayat kompak sadayana disiplin >kersa ngantri, kersa ngantosan, kersa ngajalankeun >sakumaha nu aya dina prosedur, tong masihan kasempetan ka >Pulisi kanggo nampi artos "leuwihna" , masihan kesempetan >ka Pulisi janten jalmi nu sae teu redep kanu artos haram >InsyaAlloh bakalan beres* tapi jigana kaayaan ieu mung >aya dina acara MIMPI KALI YEEE*. > > ros. > > >>>> [EMAIL PROTECTED] 03/28/06 02:50PM >>> > > Kuring mah sering dieera jeung dipoyok ku sobat bule nu >sering pulang anting Amrik-Bali-Tasik pedah boga usaha >kerajinan tangan jeung ukir Bali cenah mah naha nagara >Indonesia nu pang lobana Muslim sa dunya 'ngahalalkeun' >korupsi jeung sugak-sogok dina ampir sagala bidang >bisnis. Kuring tara ngajawab, malah seseringna >dipengparkeun kana pasualan lain sangkan si bule sobat >kuring teu moyok bae.Najan enya oge nagara urang keur >amuradul, kuring mah teu rido dipoyok jeung dilelece ku >bangsa deungeun. Atuh mudah-mudahan isuk jaganing pageto >mah teu kieu-kieu teuing. > Jigana mah (boa enya) 'kondisi' Samsat Bdg Tengah oge >digegedugan ku gegedugna.Da teu mungkin dimimitian ti >handap mun seug pamingpinana baleg.Sakieu heula ah, >tunduh ! Tos bade jam tilu peuting ongkoh . > > Misan . Kalepatan mung Abdi nyalira, Bebeneran jeung kahadean mung kagungan ALLOH. Uteuk Tongo Walangtaga =========================================================== Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya dan hadiah total senilai 60 juta rupiah hanya di http://www.plasa.com (Khusus Jawa Timur) =========================================================== Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

