|
Justru
kang calona teh pulisi+sipil+dispenda,mun teu lewat manehanana dijamin lami -----Original Message----- Salam ka baraya Kusnet, Ieu mah asli pangalaman
pribadi alias kisah nyata. Lain fiksi. Opat minggu ka tukang kuring
geus narima surat wawaran ti Tenn. DOT (Tennessee Departement Of
Safety) Title & Registration Div. - Nashville,mun di Bandung mah Kantor
Pelayanan Samsat, yen kuring kudu mayar pajeg mobil paling telat tanggal 30
April 2006. Tadi beurang alhamdulillah kuring
kabeneran keur nganggur pedah 'Spring Break'.Estu poe ieu mah teu kudu kokoreh
oge teu kudu maca buku atawa ngingkig ka perpustakaan. Wah pokona mah tadi
beurang bener-bener ngarasa jadi jelema bebas.Sapoe hidup tanpa beban tea, nu
ceuk basa deungeuna mah 'Enjoying Myself' bin 'Having A Great Time' .
Basa rek kaluar imah ku kuring kareret surat ti 'samsat Amrik' nu ku kuring
ditapelkeun dina kalender yen kuring kudu mayar pajeg bulan hareup . Ah teu
basa teu carita si surat teh ku kuring dijewang maksud teh rek mayar pajeg
mobil poe ayeuna najan sa bulan keneh deui oge kana due-date na
.Pikir kuring ngarah salse jeung kabeneran keur nganggur deuih. Bari sakalian
ngopor hayam di warung Bangkok tukangeun kantor samsat pisan ,ongkoh beuteung
geus kukurubukan hayang dieusi . Teu sa parapat jam kuring
geus nepi ka kantor pajeg kandaraan, katingali ku kuring aya sababaraha
welas wajib pajeg nu boga maksud nu sarua jeung kuring ,juljol ka eta kantor
.Bus kuring ngasupkeun STNK heubeul jeung biaya pajegna. Teu kungsi lima menit
ngaran kuring geus dipanggil.'Thank you,' ceuk mojang bule geulis jeung seungit
bari ngasongkeun pelat nomer anyar nu masa berlakuna nepi ka April 2007. Ah
kuring oge thank-you deui bari leos balik. Lima menit bereeessss, euy ! Meureun ceuk mojang Amrik
mah sing saha bae nu aya di nagarana teh lain jelema cicing, padahal kuring mah
harita keur nganggur. Tah ayeuna mangga geura
urang toong babarengan GALAMEDIA Salasa 28 Maret 2006 dina kolom Interaktif
CeplasCeplos, aya baraya urang nu rek mayar pajeg mobil kudu ngadaweung
cindeten en dipeuyeum heula di eta kantor samsat Bdg Tengah sababaraha jam
pedah (jigana mah) teu nitah 'jelema nu dijero' alias abdi rayat (pulisi +
Dispenda) . Beu kacida teuing ! Padahal si bapa teh rek mayar kawajiban, lain
rek menta. Bener pisan yen spanduk nu ditulis 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN TIDAK
MELALUI CALO/PERANTARA' teh wadul alias bohong badag ! Kuduna mah tulisan eta
teh kieu yeuh 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN MELALUI CALO/PERANTARA' Ngarah gancang
anggeus ! Komentarna mah teu langkung
baraya. Baktos Misan . Tennessee-Amrik . Yahoo! Messenger with Voice. Make
PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less.
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? AA misan
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? kumincir
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Aldo Desatura
- [Urang Sunda] Re: Time Is Money . Naha Enya ? waluya56
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? soni rosa
- Balasan: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ... Emod Morales
- RE: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? abu isyhad
- [Urang Sunda] Re: Time Is Money . Naha Enya ? kang_boim
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Dudi Herlianto
- RE: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Nana Kurnia
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? soni rosa
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Uteuk Tongo
- RE: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Yuliadi
- RE: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? tarawadul tarawadul
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Roro Rohmah

