sakapeung mah sok nanya
kadiri.....saha ieu teh nu cileupeung
kieu
asli eiu mah
babaturan....pajabat nu boga jabatan anu ayeuna ribut/ribet ku illegal
logging.
manehna keur lieur...sakabeh
emas/berlian dollar anu ampir 600jt, digasak
maling.
geus liwat saminggu karek kami
manggihan....silaturahim bari hayang nyaho kumaha dongengna.
...euceuk na si 'jawa' teh :
"Para pembantu dihipnotis".
Tapi ya sudahlah...bukan rejeki
saya, sambung na
Simkuring nanya :"emang duit
harta siapa?.
Gini lho
'Kang
"Saya syukuri dengan limpahan
harta tapi yang mungkin (banyak) didapet dari keuntungan para pengusaha kayu log
saat meminta izin hph".
Saya tidak
korupsi!!.
hegh...langsung enek idin milu
ka cai......buseeet toilet na leuwih aluh batan type 45.
kitu na teh "saya tidak
korupsi"
>>>pikiran geus di Bandung yeuh.
Ngiring ngamairan...
Aya istilah SAMSAT (SAMa-sama bangSAT) Lebetna teu Pulisi wungkul
sanes? Pegawai PEMDAna ge aya heheh....sareng sanes di Kepolisian wungkul,
ampir unggal tempat pelayanan rahayat tos "ilaharna" kitu, duka saha nu
ngamimitian... hese pisan ngalereskeunana.
Saleresnamah kaayaan ieu teh teu sadayana kalepatan Pulisi, da rahayat
ge lepat.
Sanes rusiah deui, Pulisi mung ngajalankeun tugas wungkul bari hoyong
aya "leuwihna" keur maranehanana keneh heheh... Barinage teu sadayana Pulisi
kitu...Pulisi ge manusa aya nu bener aya nu salah komo bari jeung sarakah.
Etamah gawean sakadang "oknum" tapi teu hiji, atanapi dua,
ampir sadayana.... hese milarian nu benerna.
Seuseurnamah urang Indonesia teh resep ngukut panyakit "Hoream" sareng
resep pisan sulap "Sim Salabim! Abrakadabra!...STNK & SIM jadi..". Kumaha
carana supaya tereh jadi, nya ari teu nganggo artos pasti aya
kenalan...
Pami urang nu janten rahayat kompak sadayana disiplin kersa ngantri,
kersa ngantosan, kersa ngajalankeun sakumaha nu aya dina prosedur, tong
masihan kasempetan ka Pulisi kanggo nampi artos "leuwihna" , masihan
kesempetan ka Pulisi janten jalmi nu sae teu redep kanu artos haram InsyaAlloh
bakalan beres... tapi jigana kaayaan ieu mung aya dina acara MIMPI KALI
YEEE....
ros.
>>> [EMAIL PROTECTED] 03/28/06 02:50PM
>>>
Kuring mah sering dieera jeung dipoyok ku sobat bule nu sering pulang
anting Amrik-Bali-Tasik pedah boga usaha kerajinan tangan jeung ukir Bali
cenah mah naha nagara Indonesia nu pang lobana Muslim sa dunya
'ngahalalkeun' korupsi jeung sugak-sogok dina ampir sagala bidang bisnis.
Kuring tara ngajawab, malah seseringna dipengparkeun kana pasualan lain
sangkan si bule sobat kuring teu moyok bae.Najan enya oge nagara urang keur
amuradul, kuring mah teu rido dipoyok jeung dilelece ku bangsa deungeun. Atuh
mudah-mudahan isuk jaganing pageto mah teu kieu-kieu teuing.
Jigana mah (boa enya) 'kondisi' Samsat Bdg Tengah oge digegedugan ku
gegedugna.Da teu mungkin dimimitian ti handap mun seug pamingpinana
baleg.Sakieu heula ah, tunduh ! Tos bade jam tilu peuting ongkoh .
Misan .