...MIMPI KALI YEEE . neng rohmah impian eneng teh sae pisan pami eneng wantun naratas jalan kanggo ngawujudkeuna. ..... sonirosa <tukang ngimpi>
On Wed, 29 Mar 2006 08:13:48 +0700 "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ngiring ngamairan... > Aya istilah SAMSAT (SAMa-sama bangSAT) Lebetna teu >Pulisi wungkul sanes? Pegawai PEMDAna ge aya >heheh*.sareng sanes di Kepolisian wungkul, ampir unggal >tempat pelayanan rahayat tos "ilaharna" kitu, duka saha >nu ngamimitian... hese pisan ngalereskeunana. > > Saleresnamah kaayaan ieu teh teu sadayana kalepatan >Pulisi, da rahayat ge lepat. > Sanes rusiah deui, Pulisi mung ngajalankeun tugas >wungkul bari hoyong aya "leuwihna" keur maranehanana >keneh heheh* Barinage teu sadayana Pulisi kitu*Pulisi ge >manusa aya nu bener aya nu salah komo bari jeung sarakah. > Etamah gawean sakadang "oknum" tapi teu hiji, atanapi >dua, ampir sadayana*. hese milarian nu benerna. > > Seuseurnamah urang Indonesia teh resep ngukut panyakit >"Hoream" sareng resep pisan sulap "Sim Salabim! >Abrakadabra!...STNK & SIM jadi..". Kumaha carana supaya >tereh jadi, nya ari teu nganggo artos pasti aya kenalan* > Pami urang nu janten rahayat kompak sadayana disiplin >kersa ngantri, kersa ngantosan, kersa ngajalankeun >sakumaha nu aya dina prosedur, tong masihan kasempetan ka >Pulisi kanggo nampi artos "leuwihna" , masihan kesempetan >ka Pulisi janten jalmi nu sae teu redep kanu artos haram >InsyaAlloh bakalan beres* tapi jigana kaayaan ieu mung >aya dina acara MIMPI KALI YEEE*. > > ros. > > >>>> [EMAIL PROTECTED] 03/28/06 02:50PM >>> > > Kuring mah sering dieera jeung dipoyok ku sobat bule nu >sering pulang anting Amrik-Bali-Tasik pedah boga usaha >kerajinan tangan jeung ukir Bali cenah mah naha nagara >Indonesia nu pang lobana Muslim sa dunya 'ngahalalkeun' >korupsi jeung sugak-sogok dina ampir sagala bidang >bisnis. Kuring tara ngajawab, malah seseringna >dipengparkeun kana pasualan lain sangkan si bule sobat >kuring teu moyok bae.Najan enya oge nagara urang keur >amuradul, kuring mah teu rido dipoyok jeung dilelece ku >bangsa deungeun. Atuh mudah-mudahan isuk jaganing pageto >mah teu kieu-kieu teuing. > Jigana mah (boa enya) 'kondisi' Samsat Bdg Tengah oge >digegedugan ku gegedugna.Da teu mungkin dimimitian ti >handap mun seug pamingpinana baleg.Sakieu heula ah, >tunduh ! Tos bade jam tilu peuting ongkoh . > > Misan . ======================================================================================== Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya dan hadiah total senilai 60 juta rupiah hanya di http://www.plasa.com ======================================================================================== Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

