Pairan si Kuring diselipkeun dina seratan Kang Amin. --- In [email protected], amin mudzakkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Alhamdulillah email abdi seer nu ngarespons. > Abdi urang Sunda pituin, tapi punten bade nyerat ku bhs > Indonesia. Otoritas mana nu ngedahkan bahwa urang Sunda kedah > nyerat nganggo bahasa Sunda oge?
WALUYA: Upami di luar millis ieu mah, teu aya nu ngawajibkeun kang, bade nganggo basa Sunda atawa moal oge. Ngan di ieu millis mah (KUSNET), WAJIB make basa Sunda najan rek lemes atawa rek kasar ge, rek saralah atawa rek bener. Meunang make basa sejen, lamun forward, jeung alusna make panganteur heula. Upami satuju, mangga urang padungdengan didieu, tapi lamun teu sapagodos, kuring moal ngiringan deui padungdengan jeung kang Amin. > Justeru itulah, pertanyaan saya untuk menggugah orang Sunda > tentang identitas dirinya. Identitas itu harus secara terus > menerus diwacanakan dalam praktik sosial sehari-hari, didialogkan > secara kritis, tanpa harus terbebani dengan klaim-klaim sejarah di > masa lalu. Minggu kemarin saya datang ke acara diskusi tentang > budaya Sunda yang diselenggarakan kang Acep Zamzam Noor > Tasikmalaya. Tetapi saya kecewa. Hanya orang-orang tua yang dapat > kesempatan bicara, termasuk seorang akademisi berparadigma lama. > Paradigma mereka tentang 'Kebudayaan' sangat bias-negara. Semuanya > harus diurus negara, termasuk jenis-jenis seni pertunjukan Sunda. > Dalam kondisi seperti ini, demikian saya katakan, bagaimana > mungkin budaya Sunda menjadi alat kritik terhadap kekuasaan. Yang > ada adalah hegemoni. Budaya Sunda hanya sekedar proyek dinas > pariwisata dan budaya. WALUYA : Kang Amin, nagara ceuk kuring mah kudu boga tanggung jawab kana budayana, sabab kontitusi nagara urang nyebutkeun kitu ( UUD 45, fasalna kuring poho deui). Jadi bener lamun urang Sunda nuntut supaya nagara kudu gaduh "perhatian" kana budaya lokal. Sabab lamun henteu kitu, budaya lokal bakal kalindes ku budaya anu dominan. Kang Amin nu jurusan Sajarah, geus ngaos bukuna Mikihiro Moriyama, "Semangat Baru"? Lamun teu acan, cobi aos heula. Engke bakal kapendak kumaha Pamarentah Hindia Walanda ngadorong supaya Basa Sunda tumuwuh (berkembang) deui di Tatar Sunda. Eta pamarentah jajahan Kang!, Tah ayeuna naon nu geus dipigawe ku pamarentahan urang sorangan, keur budaya lokal? .......palajaran Basa Sunda di sakola-sakola wae, aya nu boga niat miceun tina kurikulum! > Selain itu, apa yang dibincangkan sangatlah elitis dan > bangsawan. Seolah Sunda hanya bolah didefinisikan oleh para > sesepuh, para raden, para inohong. Bagaiamana dengan generasi > saya, generasi anak muda yang lebih memilih datang ke konsep > Peter Pan daripada acara kesenian angklung? Mengapa bisa terjadi > hal tersebut? WALUYA : Budak ngora teu meunang, sunda nu lain inohong teu meunang? ...ah ceuk saha Kang. Lamun akang teu satuju jeung kaum kolot, teu kudu ngangluh, tapi bejer beaskeun pamandegan akang, hiji waktu bakal aya nu ngadangu ka Akang. Pak Ayip Rosyidi wani debat jeung nu geus sepuh, padahal waktu eta yuswa pa Ayip kakara belasan taun!. Upami ngangluh (keluh-kesah) wae mah atuh, nu kadanguna ukur "keluh-kesah", nya moal aya nu malire. Kuring mere conto. Kusnet (alias millis ieu) dijarieun ku urang Sunda nu teu kaasup inohong Sunda. Urang Sunda "biasa-biasa" wae. Anggotana oge nya urang Sunda nu kasang tukangna rupa-rupa, nu jelas umumna lain inohong dina kasundaan, ngan ngarasa jadi "urang Sunda". Tapi ayeuna Kang, Kusnet kaasup nu diaanggap. Sabaraha urang malah sok nulis ngeusian artikel di koran (Kompas, PR) jeung kantos jadi wartos oge dina koran. Nu nunjukkeun ku leukeun jeung teu ngangluh, akhirna Kusnet aya nu ngadangu. > Dalam konteks yang lebih teoritis, kita harus menempatkan wavcana > Sunda alam konteks perdebatan tentang wacana negara-bangsa (nation > state) yang sedang terkepung globalisasi dan kapitalisasi budaya. > Sunda harus kembali kita ciptakan hari ini di sini. Definisi > tentang Sunda harus kontekstual dan relevan dengan permasalahan > kita sekarang. Saya bangga masih banyak orang yang mencintai. > kesenian sunda dan mengembangkannya. Tetapi, mari kita jadikan > modal kultural tersebut agar tidak berhenti menjadi teks yang > tertutup, hanya tontonan, tetapi untuk menggugah kesdaran ? > kritis.Budaya harus berguna bagi komunitas pendukungnya. Ini > tantangan bagi kita di tengah masyarakat yang sedang dimiskinkan, > dimarginalkan, oleh sejenis kekuasaan yang entah apa. WALUYA : Kuring rada teu ngartos, naon maksudna "Sunda harus kembali kita ciptakan hari ini disini". Maksud akang "Sunda" kedah didefinisikeun deui? ....ke....ke... apan geus jelas, nu disebut Sunda teh jalma-jalma nu ngaku urang Sunda, tiasa didasarkeun ku turunan atawa manehna diaku urang Sunda kunu sejen, sanajan lain turunan Sunda. Ayeuna perkara Budaya Sunda? ....ah akang pan langkung terang pastina oge, da sakolana jurusan humaniora, budaya mah dinamis, henteu statis. Urang Sunda abad ka 14 jeung urang Sunda ayeuna, tinangtu bakal beda. Tapi naha robahna teh kudu "didefinisikeun" heula? > Sakitu heula. Alhamdulillah abdi tos lulus ti UGM satun > kalangkung. Insya Allah mulai sasih ieu damel janten peneliti di > LIPI. > > Hayu urang Sunda!!! WALUYA : Wilujeng katampi di LIPI, tempat kuring kungsi jeung ayeuna oge (samentawis) masih didinya. Ngan bedana teh kuring mah bagean nu "tarareuas" ( Hard Science), jadi kantorna di Bandung, henteu di Jakarta. Sareng hayu urang gunakeun basa Sunda, sabab eta ciri anu pangjelasna yen urang teh kaasup urang Sunda! Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

