Saleresna padungdengan ngeunaan ieu jejer dimimitian ku imel Abdi nu naroskeun naon sabab musababna daging babi diharamkeun dumasar kana suroh Al Baqarah ayat 173. Ieu patarosan teh mucunghul lantaran aya kapanasaran, rasa hoyong terang tea, susuganan we aya diantawis baraya kusnet nu tiasa medar ngeunaah sabab musababna atanapi saur para ahli mah 'asbabun nuzul'-na. Kumargi cenah, saur guru ngaji Abdi kapungkur di kampung, satiap ayat Quran nu diwahyukeun ka kanjeng Nabi teh aya 'asbabun nuzul'-na.

Punten, sanes niat Abdi hoyong masoalkeun eta larangan nuang daging babi. Teu pisan-pisan nun.....

Sok sanaos kitu, alhamdulillah seueur elmu nu tiasa dipulungan ku Abdi ti pairan-pairanna Akang-Teteh baraya kusnet sadaya. Abdi ngahaturkeun mangrewu-rewu nuhun.

Baktos,
OTA



"oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

04/24/2006 12:55 PM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
Subject
Re: [Urang Sunda] Re: Naon Sababna Daging Babi Haram(Saur saha daging babi diharamkeun....?)





Rampes,
 
Talatah Kang Gibson teh, mun dibasakeun ku anu saujratna, meureun kieu: "tinimbang ngamasalahkeun atawa ngotektak neangan sabab musabab Pangeran ngaharamkeun ngadahar daging babi (anu geus qot'i atawa teu kudu dipasoalkeu deui) mendingan neangan atawa natanyakeun atawa ngamasalahkeun sabab musabab masih lobana kajadian korupsi di nagara urang  jeung cara ngahulagna.
 
Daging babi geus jelas diharamkeun, ieu urusan atawa wilayah Pangeran. Nepi ka iraha oge lamun neangan sabab-musabab ilmiahna moal aya anggeusna kana wilayah otoritas Pangeran mah. Malah bisa jadi, lamun hiji sabab tina katerangan paelmuan dicekel salaku kayakinan, bisa mengparkeun kayakinan urang kana aturan Pangeran. Sabab, paelmuan tea sifatna relatif, gumantung data jeung bukti anyar.
 
Anapon korupsi, jelas-jelas akibat sosialna sakitu gedena. Apan agama teh utamana keur ngatur kahirupan hirup kumbuh masyarakat, sanes? Hayu urang milih-milih skala prioritas dina madungdengkeun hiji hal teh, sangkan teu mubah tanaga jeung pikiran.
 
baktos,
manAR



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke