Analogi Bah Jaka perkawis budak katabrak tea, manusiawi umpama
kolotna ambek. Tapi lamun anarki, contona lamun nu nabrakna
diteunggeulan, eta henteu nganggeuskeun masalah. Salah sahiji
akibat seueurna "maen hakim sosorangan", nu nabrak jadi sieun,
akhirna seueur kasus "tabrak lari". Kitu deui lamun kapalingan,
tantos nu kapalingan ambek, ngan upami bangsatna katangkep teras
diduruk hirup-hirup mah, malah jadi tibalik, "teu manusiawi"
malah ngadeukeutan angkara murka.
Kritik kuring ka Ustadz Jeffri, anjeunna masihan conto, maksadna
meureun bade ngangkat sisi manusiawina, ngan contona teu tepat.
Akibatna keur nu nonton acara eta, aya presepsi UJ milarian
"pembenaran" kana kasus sweeping (tiasa ditingali posting di
sababarha millis nu ngritik conto ti UJ). Untungna UJ akhirna
nyebatkeun teu satuju kana anarkismeu.
Leupas tina pro kontra PLayboy, tapi aya sisi nu kudu dihargaan
ti pengelola Playboy Indonesia. Maranehna wani dialog, nempokeun
beungeut, teu "maledog" tapi terus "nyumput". Sikep anu geus
jarang aya di urang Indonesia. Sabab seueur oge media nu eusina
vulgar pisan, tapi alamat kantorna wae teu puguh! (tingali
laporan Majalah Tempo sababraha minggu kapengker ka media2 model
kieu).
Baktos,
WALUYA
> Bah, jelas manusiawi.
> Conto nu diebrehkeun ku UJ jelas pisan. Conto sejenna
> ayeuna dina pasualan aturan di milis ieu we, upami aya
> nu ngalanggar aturan misalna ulah make basa Indonesia,
> pek aya nu keukeuh rek make basa Indonesia bae
> sapertos saha kamari teh, pan mani ragam tanggapan
> para wargi anggota kusnet.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

