Upami urang saregep nitenan, anu ngaku jeung
ngabageakeun ka kang Acep parantos seueur pisan. Ceuk
kuring, eta teh nunjukeun hiji tanda lobana nu ngaraeh
atawa ngaku...nakon, ngaku dulur, hayang wanoh, ka
kang Acep! Ceuk kuring deui oge yeuh...someahna
(ramahna) dulur-dulur di dieu ciciren gedena
perhatosan atawa parasaan jeung kabijaksanaan ka kang
Acep oge ka kang Toto, puguh deui ka kuring mah! (naha
kadieu lumpatnanya? hehe...mimiti ngaco!)
Beu..ceuk kuring deui bae, loba pisan ceuk kuringna,
gelo teh! Nu paling boga parasaan jeung bijaksana
(nurutkeun kang Toto) ka kang Acep di milis ieu teh
para Kuncen! Aranjeuna lir ibarat nu boga imah ka
semahan kang Acep, kang Acep geus ditampi..dibageakeun
kalayan hade(ku cara "postingan" kang Acep diloloskeun
ka urang sadayana). Salajengna sababarah urang anggota
milis pada naros sareng ngawaler ka kang
Acep...Diloloskeun ku kuncen diwaler baraya
urang...hiji hal nu teu kinten endahna pan!Langkung
"edan"na deui seueur baraya nu nyayogikeun tanaga
emutan ka kang Acep ngeunaan basa sunda nu kirang
sae(kurang bagus), saurna. Sanajan meureun Kuncen oge
geus ngarumpag tina papagon(aturan?)sorangan yen kudu
ngagunakeun basa sunda,tapi tetep diloloskeun we,
sanes? Lamun Kang Siddik ngawakilan baraya anu taat
papagon ieu milis jeung maksadna nanjeurkeun eta
papagon, ginding pisan! Punten yeuh sakali deui ceuk
kuring, kalimah nu nyebutkeun teu boga rarasaan
(parasaan) jeung teu bijaksana teh rada teu nincak.
Kuring mah justru ngahanjakalkeun ka kang Acep...naha
embung pisan nyobaan sakali mah, da ceuk implengan mah
kang Acep teh ngarti pisan kana basa sunda da rajeun
ngawaler oge euy! Sigana lamun kang Acep make basa
sunda keur medar nu loba sangkut pautna jeung
aqidah-tauhid oge moal diwagel, malah ceuk kuring
sorangan mah ngarupkeun hiji pagawean nu kewes pantes,
hade tur rancage!(inovatif, adaptif dan kreatif)
Numutkeun Abah Ajip kabeh basa/bahasa didunya kudu
dipiara atawa dijunjung tinggi malah diluluguan ku
orhanisasi dunya oge. Saur Anjeuna oge ayeuna nasib
bahasa daerah teh ku pamarentah dipasrahkeun ka para
"penutur"na wungkul sanajan aya undang-undangna. Jadi
jentre yen urang sunda saeutikna boga kawajiban keur
ngamumule basa sunda...dina lingkup tatar sunda,
meureun dina lingkup NKRI nya bahasa Indonesia! Teu
kudu ngadu renyomkeun mana nu diheulakeun...nu hade
kalimah MJ, "make basa sunda mah asal merenah"! Sigana
maksud MJ lain mung make basa sunda merenah teh...make
bahasa naon bae, lain mung urang sunda ka urang sunda
bae...tapi meureun kanu bangsa lain oge. Urang sunda
kudu bisa merenahkeun diri! Ceuk kuring mah leuwih
alus 2 sunda 1 sejen make indonesia tibatan 2 sunda 1
sejen tetep make sunda! bijaksana pan! Tong suudon lah
ka 2 sunda make indonesia saha nu nyaho boseuneun make
basa sunda! Saha nu nyaho oge maranehna sajam make
indonesia tapi 23 jam make basa sunda! Naha kudu
demokrasi....naha henteu karajaan, atawa nu lian? Naha
kudu nurutan cara batur lamun urang boga cara sorangan
nu leuwih cocok keur urang!
Tapi untuk saya pribadi selama tidak....hayong ngango
basa sunda nya basa sunda...bahasa endonesia...bahasa
endonesia...rek jeung sasaha oge lah bebas aing mah!
Nu penting mah minimal diieu milis anu aturanana kudu
make basa sunda nya make basa sunda sabisa-bisa lain
hayang susundaeun tapi diajar ngahargaan batur utamana
mah KAHADEAN atawa KABIJAKSANAAN kuncen! (beuki
ngaco...naha nya! teu nyambung jeung judul, dasar
porenges!)
Sarekeun mal baleg!
Porenges
--- Toto Hermanto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sanes...diraeh...kulan....,malah dititah neangan
> milis bahasa Indonesia!!cik atuh bijaksana
> saeutik....(asa eweuh parasaan pisan ...belegug
> sia....)..he....he..,dikenalkeun sanes kaurang sunda
> wungkul....,iue mah harapan...kapayunna bakus tiasa
> dikenalkeun kasalain urang sunda......,ulah ngetop
> diwewengkon sunda wungkul...jeung di bakus....
> Bahasa Indonesia oge kedah dijunjung
> tinggi....sanes kitu?Ah...biasa ngaku urang
> sunda...ari geus ngobrol dihareupeun lain urang
> sunda mah...tetep wae make bahasa Indonesia.Beda
> jeung batur....teu gengsi-gengsi make bahasa Jawa
> atawa batak.
> Geus tabiatna....tara ngaku kakurangan.......kitu
> tah kang siddik wiro sableng....eh,,,salah...Teu
> kenging diusir muhun kang....wira...!!!
> Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nya ari keukeuh-keukeuh teuing, embung
> make/nulis basa Sunda mah.
> sina neangan milis bahasa Indonesia.
>
> ssw
>
> kumincir [EMAIL PROTECTED]
> Acep Suhendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Salam
> Wa'alaikumsalaam w. w.
> Ya... itulah kenyataannya ada orang Sunda seperti
> saya tapi tidak menguasai basa Sunda, saya pernah
> mengajak teman dari propinsi Banten untuk ikut milis
> ini ternyata dia keberatan karena dia khawatir apa
> yang dia tulis jadi ngga nyambung bahkan bisa bikin
> heboh.
> Kuring mah cangcaya kénéh yén Kang Acép teu
> bisa basa Sunda. Cikan, ari Kang Acép ngartos teu
> kana postingan2 ti baraya lianna nu maké basa Sunda?
> Atawa maké antara penerjemah? Ceuk kuring mah
> (deui), lain ku teu bisa-teu bisa teuing, tapi
> seunggah maké, kalawan alesan sieun salah, jsb. Coba
> mun trut baé langsung nulis, moal sakara-kara
> geura... Kuring gé sababaraha kali ngobrol jeung
> urang Banten mah, teu hésé teu sing...
>
>
> Mengenai data yang satu ini mohon ma'af belum bisa
> saya sebutkan sumbernya saya hanya bisa mengingatkan
> agar urang Sunda umumna hususna saya pribadi agar
> hati - hati dan waspada karena sudah banyak hal-hal
> yang menodai citra urang Sunda walaupun kemungkinan
> dilakukan bukan oleh urang Sunda tapi karena
> kejadiannya di Propinsi Jawa Barat maka urang Sunda
> terkena imbasnya.
> Sok wé atuh dongéngkeun, ngarah kabandungan ku
> sadayana.
>
> Saya merasakan sendiri betapa hebatnya usaha-usaha
> merusak generasi urang Sunda di kampung saya desa
> Gunung Sari (Gunung Salak Endah) dengan alasan
> kawasan tersebut adalah kawasan wisata dll.
> Perkawis ieu mah geus kungsi didugikeun di ieu
> milis, mangga cobi bukaan arsip milis
>
(http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/76528).
>
>
> Saya sangat bersyukur ternyata umumna urang Sunda
> dimilis ini sangat peduli dengan budayana khususna
> basa Sunda itu terbukti setelah saya coba posting
> "penggantian akhiran" ternyata umumna keberatan
> semoga hal ini terjadi juga pada aqidah tauhidna.
> Lain ku kaabotan2 teuing, tapi da lebah dieu mah
> usulan Kang Acép téh minculak. Dina enyana gé bisa,
> butuh waktu mangtaun2 meureun pikeun sosialisasina.
> Lah... kariweuh-riweuh atuh, Kang. Kalah jadi beuki
> hésé geura basa Sunda téh, da dirobah deui...
>
> Tapi untuk saya pribadi selama tidak menyangkut
> aqidah tauhid sah-sah saja dilakukan proses
> inovatif, adaptif dan kreatif.
> Atuh ari masalah basa mah ulah dihubung2keun jeung
> akidah, Kang... Kang Acép rido teu mun basa Sunda
> lastari alias punah sirna ti ieu dunya alatan teu
> diparaké deui ku urang Sunda? Kuring mah teu hayang
> basa Sunda kudu nepi ka kitu mah, ku kituna rék
> ngabiasakeun manéh maké basa Sunda, di lingkungan
> urang Sunda atawa di Tatar Sunda.
>
> Basa liburan kaagamaan Kristen kamari2, Kang Acép
> nongton teu kagiatan urang Kristen di
> Cigugur-Kuningan? Hébat, ceramahna ngahaja maké basa
> Sunda sarta acarana disiarkeun langsung
> sa-Indonésia. Tuh, urang Kristen mah nepi ka kitu
> tarékahna sangkan hayang diaku ku urang Sunda téh.
> Na ari ku (sabagian) umat Islam mani dimomorékeun
> pisan basa Sunda téh? Padahal, basa indung téh
> mangrupakeun pakarang anu matih pikeun meruhkeun
> rasa haté hiji bangsa. Meureun... (walah euy...)
>
>
> --
> jk
> kumincir.blogspot.com
> www.urang-sunda.or.id
> su.wikipedia.org
>
>
>
> Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
> Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
> SPONSORED LINKS
> Corporate culture Business culture of
> china Organizational culture Organizational
> culture change Organizational culture assessment
> Jewish culture
>
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
> Visit your group "urangsunda" on the web.
>
> To unsubscribe from this group, send an email
> to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> http://mail.yahoo.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

