Euleuh..tegep tah jangjawokan teh..
mugi sing nyangsang dina jiwa, sing nyangreud dina ati sanubari, kum ka urang Sunda sadaya, khususna wargi ieu milis...
ssw
--hung ahung
aing kapahung
ukur babaung
kaduhung
ukur jadi maung
ahung hunguyut linggabuana hampura!kuring ngan wasa sakieu. ngaran uyut ukur diaku. pajar aing gaganti prabu wangi. geuning teu sakeclak-keclak acan ninggang kana awak kuring. wawanén uyut, kagagahan uyut. uyut jati kuring junti.uyut mangsa musuh ngajorag nagara. ti kulonna ti wetanna. kuring ukur (cénah) salin jinis mindah rupa, ganti ngawujud maung. nu cénah kongas gagah perkasa. gedé sima pangabaranna. kakoncara si raja leuweung. tapi geuning teu daya, teu mangga pulia, teu upaya. kuring ngan ukur bisa ngagerem tanpa sora. kuring ngan ukur bisa nyanggéréng tanpa wujud.uyut sakali deui, buyut ménta hampura. teu bisa nurutan uyut. teu bisa nurutan éyang citraresmi. nu réla lali rabi, réla nemahan pati waktu harga diri disosoék, dirarajét. uyut sabalad sunda, réla maseuhan lemah bubat ku beureumna geutih. leuwih hadé gobang rompang. leuwih hadé kujang gorowong ditojos keris, leuwih hadé patrem newek jajantung. tinimbang martabat sunda disosoak.duh uyut bener cék pinandita. kaduhung datang pandeuri. kaduhung salin jinis ukur jadi maung. najan enya raja leuweung. keukeuh ukur sato. ukur bisa gagauran di leuweung tatar sunda. ukur kadenge ku kisunda. padahal lamun baheula kuring ngahiang trus ngajangélék jadi syiwa. musuh mana nu waluya?kuring,
urut siliwangi
kari maung
ceuli rumpung, congor sumpung, cokor buntung, awak regung
tinggal irung, ngangseu ngambeu sésa wawangi
tinggal buntut, kupat kepot nunggu uga laksana
teuing iraha!
ahuuuuuungggggg
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.comTong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSundaTapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___
- Re: [Urang Sunda] kidung silung... Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] kidung silung... jaka
- Re: [Urang Sunda] kidung silung... kumincir
- Re: [Urang Sunda] kidung silung... Dudi Herlianto
- Balasan: Re: [Urang Sunda] kidung silung... SP Saprudin
- Re: [Urang Sunda] kidung silung... Waluya
- [Urang Sunda] Naha leres ieu info teh Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] Naha leres ieu info teh indung peuting
Kirim email ke

