Akina indung kuring, basa terakhir papanggih teh yuswana geus ampir saratus taun.
Ku sabab kamamana (maksud teh sadesa kuring) sok mapah, anjeuna apaleun di mana wae lebah-lebah tiap imah anu aya di ieu lembur. Sok sanajan paninggalina tos lamur, tapi teu pikun. Eta we, jalma sadesa nambihan boh jelemana boh imahna, anjeuna mah apaleun.

anu pangbungahna mun tepang jeung anjeuna teh pun lanceuk. Pedah pun lanceuk teh jiga Kang Ndoel, beuki udud. Pun aki teh sok dijadikeun argumen ngenaan umur. Alesana,
"Tuh Aki itu ge, tepi ka ayeuna jag jag keneh!" cek lanceuk kuring teh.

dina hiji waktu, saperti biasa pun aki teh diulem ka rorompok. Lanceuk kuring terus naros bari ngasongkeun Roko Djarum Coklat.
"Ki, hebat aki mah. Ngaroko bae ti baheula teh kalah panjang umur..." ceuk ki lanceuk teh.
"Eh, lain kitu jang. Ngahaja aki mah udud teh. sabab saur pak Kiayi di masjid unggal subuh, ngaroko teh matak mondokan umur...
"aki ngaroko terus-terusan teh, sugan we diterehkeun maot. sabab ari kudu bunuh diri mah palias tur dicaram agama.
"alhamdulillah. sanggeus remen ngaroko, aki asa beuki deukeut jeung ajal...coba mun teu ngaroko, meureun aki nyaingan Nabi Nuh!"

Kuring duaan cicing bari mesem. Si aki....
***
baktos
tantan






--
tantan hermansah
www.tantan.coz.in

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"--siliwangi-- __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke