Ngiring mairan sakedik mah, kenging pangintennya..??
Ceuk beja saurna nu sok udud mah sok awet ngora, sareng bumina tara kamalingan. naon margina....??
mun aya maling rek asup ka jalma nu beuki udud karek rek muka lawang pantona oge geus mundur deui sabab ngadenge nu boga imah keur ngarasasakeun batuk nu parna jadi rek kaasupan maling teu jadi. tah nu palebah awet ngora mah rada lieur margi aya nu tos sepuh jagjag keneh. da ceuk beja mah awet ngora soteh sabab pedah we  nu sok udud mah loba nu gering  jadi tara nepi ka sepuh...... tapi walahu alam eta mah da ceuk beja.....
salmkam baktos.
ti nu tara udud.....

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
heu...heu...
nu beuki udud mah biasana ge bisaan ngorong
eh..ngarang rupa-rupa alesan.

ceuk cenah oge kieu,
"nu beuki udud mah moal betah cicing di sawarga téh..."
"naha ?"
"pek wé rék mawa roko ka sawarga mah, tapi rék diseungeut kumaha,
da api-na kudu nyokot heula ka naraka..."

heu heu

-dul-
nu beuki udud

--- In [EMAIL PROTECTED]ups.com, "tantan hermansah"
<sariak.layung@...> wrote:
>
> Akina indung kuring, basa terakhir papanggih teh yuswana geus ampir
saratus
> taun.
> Ku sabab kamamana (maksud teh sadesa kuring) sok mapah, anjeuna
apaleun di
> mana wae lebah-lebah tiap imah anu aya di ieu lembur. Sok sanajan
> paninggalina tos lamur, tapi teu pikun. Eta we, jalma sadesa
nambihan boh
> jelemana boh imahna, anjeuna mah apaleun.
>
> anu pangbungahna mun tepang jeung anjeuna teh pun lanceuk. Pedah
pun lanceuk
> teh jiga Kang Ndoel, beuki udud. Pun aki teh sok dijadikeun argumen
ngenaan
> umur. Alesana,
> "Tuh Aki itu ge, tepi ka ayeuna jag jag keneh!" cek lanceuk kuring
teh.
>
> dina hiji waktu, saperti biasa pun aki teh diulem ka rorompok.
Lanceuk
> kuring terus naros bari ngasongkeun Roko Djarum Coklat.
> "Ki, hebat aki mah. Ngaroko bae ti baheula teh kalah panjang
umur..." ceuk
> ki lanceuk teh.
> "Eh, lain kitu jang. Ngahaja aki mah udud teh. sabab saur pak Kiayi
di
> masjid unggal subuh, ngaroko teh matak mondokan umur...
> "aki ngaroko terus-terusan teh, sugan we diterehkeun maot. sabab
ari kudu
> bunuh diri mah palias tur dicaram agama.
> "alhamdulillah. sanggeus remen ngaroko, aki asa beuki deukeut jeung
> ajal...coba mun teu ngaroko, meureun aki nyaingan Nabi Nuh!"
>
> Kuring duaan cicing bari mesem. Si aki....
> ***
> baktos
> tantan
>
>
>
>
>
>
> --
> tantan hermansah
> www.tantan.coz.in
>
> "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"--
siliwangi--
>



Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke