Leres kang, kaayaan para dosen anusapertos ku akang
dicarioskeun janten permasalahan, anu nimbulkeun
"kecemburuan" ti kalangan para dosen, anu sadidintenna
aya di kampus.
Punten, sanes bade uar-uar aib, di lingkungan UI oge
para dosen anu janten pajabat nagara teh sibuk pisan
janten teu aya kasempetan ngajar (full time). Di salah
sahiji fakultas di UI, para mahasiswana tos ngama'lum
upama nyandak hiji matakuliah anu diajarkeun ku dosen
anu janten pajabat nagara, pasti perkuliahanana teh
diajar ku para asistenna. Jamankapungkur mah hal ieu
teh janten kabanggaan pikeun institusi. Tapi ayeuna
mah para mahasiswana tos wantun protes. Nya atuh
ahirna diayakeun panartiban-panartiban, dipasihan
pilihan ka para dosen, bade janten pengajar luar biasa
atanapi janten pangajar biasa di luar.
Dinten ieu kuring maca koran sindo, aya hiji seratan
kenging Prof. Dr. Jimly Asshidiqi ditambihan
katerangan staf pengajar luar biasa UI, margi anjeunna
ayeuna tos full time janten ketua Mahkamah Konstitusi.

baktos,

mrachmatrawyani


--- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> aya nu benten yeuh ...
> 
> nu kabaca ku kuring di millist sabeulah (millist
> IAGI), tibalik, PII menta 
> gaji insinyur indonesia naek 10 x lipet ngarah teu
> pati jauh ti engineer 
> asing.
> 
> ngeunaan gaji, di uil kumpeni, biasana lamun pagawe
> tetep (permanent 
> employee) dibayarna ku mata uang dimana eta
> parusahaan aya, ngan lamun 
> pagawe kontrak dibayarna ku dollar. malah urang
> indonesia nu gawe di 
> kalimantan upamana di total, vico, lamun kontrak
> dibayarna oge ku dollar.
> 
> di millist sabeulah, mimitina tina masalah gaji pns,
> ahirna nepi ka masalah 
> dosen anu tos sakola terus post doct, alias teu
> gancang mulang ka tempat ka 
> asalna, padahal cenah institusina merlukan pisan.
> tah ceuk kuring ieu mah, 
> naon beda nu post doct di luar, jeung dosen anu
> "aktif" di pamarentahan 
> atawa sibuk ku proyek luar ? sabab lamun ningali
> kasempetan keur riset jeung 
> publikasi, jelas keneh nu post doct migawe riset
> jeung ngahasilkeun 
> publikasi. wallahualam.
> 
> salam,
> budhi
> kurono kopo 241
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Something is new at Yahoo! Groups.  Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke