Kuring mah, tetep skeptis soal masang detektor Tsunami di urang. Sabab bangsa urang mah masih gede sifat vandalismena. Detektor nu hargana bisa ratusan juta hijina, bisa laleungitan dicokotan kunu iseng. Sababraha sasih kapengker kungsi diwartoskeun detektor seismograph keur nitenan gunung api di Sumatera leungit dipaling. Salain sifat vandalismeu, oge ku teu ngarti. Can patos lami aya wartos di NTT, aya pamayang mendakan detektor di laut, kulantaran disangka bom, margi bentukna jiga bom, eta "bom" teh diangkut ka darat dicandak ka kantor pulisi. Padahal cenah eta detektor teh dipasang ku Badan Meteorologi Internasional.
Sifat sok maling barang milik publik, nerekab pisan di urang. Ti pot kembang di taman kota, Tanda rambu Lalu lintas tepi ka tihang listrik tegangan tinggi, sarua teu aman sok dipaling. Malah kuring waktu ka Madura ngareungeu beja, sulubung alumnium tihang pancang sasak Surumadu (sasak Surabaya - Madura), laleungitan, sakitu eta teh dijero laut. SUlubung alumnium ieu gunana keur supaya tihang pancang teu keuna ku korosi/karat. Peuting tadi kuring ngareungeu dina TV, anggota DPR nyarios kalawan sumanget soal masang early warning system keur tsunami. Tapi ceuk kuring mah danana kudu ditambah deui keur ngadidik heula masyarakat urangna ..........."percomah" masang itu-ieu, ari engkena ukur jadi bangkarak nu euweuh gunana ..... Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Something is new at Yahoo! Groups. Check out the enhanced email design. http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

