Alah ari resep Semur jengkolmah..gampil...ieu abdi
gaduh salah sawiosna:

1. Jengkol anu kolot, mun tiasa anu parantos
disepikeun, 30 siki (ulah sakedik teuing..neda nah sok
mamayu).
2. Bawang bodas 2 siung dipejetkeun. Tumis ku minyak
kalapa (mun aya mah keletik) nepi ka seungit.
3.Abruskeun siksik cabe beureum (mun hoyong lada cabe
gendot nu asak, ulah nu hejo keneh  sok peuheur).
tambihan cai atah sacangkir.
4.Gebruskeun jengkolna. Aduk2 , tutup. lamun caina
bade seep, tambihan deui cai sacangkir sareng kecap
manis 60 cc. Tambihan uyah sacekapnya. Godok dugi
jengkolna hipu. Lamun caina kirang tambihan sacekapna.
5. Mun tos hipu angkat lebetkeun 1 sendok makan
mantega.
6.Purulukkan semur parabola ku bawang beureum goreng.
 
--- Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> heuheuheu..iseng noongan di ramatlokana
> urang-sunda.or.id ngeprint resep
> masakan khas US..
> ai pek teu aya geningan resep semur ati gajah mah
> nya?
> 
> Neng Mpup aka Ny. Kandar D' Kumincir.. alungkeun
> resepna keur nyiram yeuh..
> bosen ku beuleum peutey wae mah..
> 
> nuhun ah....
> 
> *Ule
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke