Komunitas Urang Sunda di Internet> Sukur atuh urang Arab Saudi rek ngabaikot
prodeuk Amrik mah. Ngan naon
> nya nu rek diboikot? Boeing 747 paragi tutumpakan maranehna ka luar
> negeri, Bahan pangan (Gandum+ daging), komputer jeung softwarena,
> pesawat Tempurna, da pesawat tempur Arab Saudi teh ti Amrik sadayana.

Panginten maksadna ngaboikot teh anu teu acan digaleuh. Ari anu tos digaleuh
mah nya anggo we, da upami dipiceun mah panginten mubadzir. Sumbanganna
tos lebet, urang Palestina sareng libanonna tos maraot, ari barang anu geus
digaleuh
modalna can balik (peupeurieheun untung mah) geus kedah dipiceun.

Maenya komputer anu tos sa awis-awis digaleuh kedah dipiceun, TV anu
maksakeun meuli bari
ngredit kedah dipiceun, pan eta mah langkung bodo batan onta, he..he..he
(aeh, punten sakadang onta,
onta mah pinter ketang da tos ngaboikot produk amerika sareng israel ti
saprek diciptakeun
sapertos na mah).

Da barang anu tos digaleuh mah, sumbangan kanggo pelor na oge tos
ditembakkeun.
Upami barangna dipiceun oge urang Palestina sareng Libanon anu tos talilar
dunya oge
moal harirup deui.

Janten maksadna ngaboikot teh panginten, teu ngagaleuh produk amerika sareng
sekutuna
terutama israel upami masih keneh aya pilihan anu sejen.

Upami masih teu tiasa keneh mah nya kirangan we konsumsina.

Urang teu kedah ngageuhgeuykun usaha sasami urang Islam, bari saeutik sareng
rada mahiwal
oge aranjeunna mah aya usaha satekah polahna. Bandingkeun sareng urang anu
ngan
cicing nongton aranjeunna dina CNN nganggo TV buatan USA bari ngaleueut
Coca-Cola sareng
Biskuit Danone.(he..he.. deui)

Usaha maranehna kitu teh tangtos bakal kenging pahala ti Allah SWT, da Allah
mah tara
coceng etanganna.

> Cik ah, disebatkeun, naon cenah nu rek diboikot teh. Dina Detikcom
> kamari oge diwartoskeun, Malaysia oge hayang ngabaikot prodeuk AS,
> ngan Perdana Menterina henteu satuju, sabab sieun engkena jadi malindes
> ka Malaysia sorangan. Tah lamun Malaysia awut-awutan, saha nu nanggung?

Upami urang ngabuleudkeun tekad di jalan Allah mah, ulah sieun ku rugi dunia
da nu ngarejekian
mah mun ti Gusti Allah.
Dina Qur'an disebatkeun, "Loba jelema milih dunya padahal aherat mah alam
anu langgeng".
Mugi-mugi urang teu kalebet golongan anu kitu. Amin.

Hapunten nu kasuhun bilih seukeut matak raheut angen.

pun Ari.




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke