Wa'alaikum salam wr wb.,
Kang Taryono, lokasina dimana sumur bor teh? Upama di Jakarta, jerona 15 m, leres sakumaha kasauran Bah Willy, caina masih kapangaruhan ku cai ti luhur. Kadar leutak dugi ka 5-10%. Dina istilah lab, leutak ieu disebutna TDS (total disolved solid) atawa jumlah zat padat terlarut. TDS 5-10% tangtu ae tos ngalangkungan baku mutu standar cai aroteun.
Bisa jadi proses nyieun sumur (well developmnet)-na teu leres dugi ka aya anu bocor (tangtuna sumur bor ieu teh, sanes?). Upama nyieun sumur ngagunakeun bor pantek kalawan screen (saringan) sumurna nyieun sorangan (biasana pipa diragajian), kamungkinan asupna TDS tambah gede. Tapi, kulantaran deet, bisa wae eta TDS teh memang sifat cai taneuhna kitu.
Sigana teu aya cara sanes solusi teh iwal ti ngajeroan sumur. Konsekuensina, jenis pompana oge kudu diganti anu langkung ageung kapasitasna.
manAR
On 8/29/06, O. Taryono <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Wr. Wb.
Wilujeng enjing baraya,
Punteun ah bade ngarepotkeun nu nuju anteng ngawangkong. Bade seja
nyuhunkeun bongbolangan ti baraya sadaya. Jejer utamana mah ngeunaah
cai taneuh. Kieu carita na :
Abdi alhamdulillah nembean ngadamel bumi, tos rengse, nanging tacan
dilinggihan margi masih aya masalah sareng sumber cai na. Kaleresan
Abdi nganggo sumur bor kalayan disedot ku kompa (jet pump saurna mah)
minangka sumber cai sadidinten. Mung duka kunaon eta cai teh bau
sareng kotor (campur leutak, sanes keusik). Bau na teh sanes "bau
beusi", nanging "bau leutak" jiga bau comberan....
Kanggo ngicalkeun bau mah, Abdi tos ngagaduhan alternatif solusi
nyatana bade nganggo saringan keusik-karbon (areng) aktif-injuk.
Nanging kanggo ngicalkeun eta kokotor nu jiga leutak mah masih
bingung. Kadar leutak dina eta cai rupina dugika 5-10% mah. Pami
diantepkeun, tangtos kokotor (leutak) tiasa ngabalukarkeun kompana
enggal reksak.
Aya ideu, bade dijeroan deui sumur bor-na. Mung Abdi tacan yakin eta
kompa tiasa nyedot pami sumur bor na jero teuing mah. Ayeuna sumur
bor teh jero na kirang langkung 15 meteran. Sedengkeun, suction head
(sedotan) kompa na oge pami teu lepat mah mung belasan meter. Duka
nu pasti na mah sabaraha, tacan ditingali.
Manawi baraya aya nu gaduh pangalaman....??!Punten nyuhunkeun
bongbolonganna, kedah kumaha saena...??!!
Nyarioskeun ngeunaan cai ieu, Abdi janten emut ka Bah Willi. Kumaha
Bah numutkeun pamadegan Abah...??!
Hatur nuhun. Mangga ah....
Baktos,
OTA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

