Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.. Baraya Kusnet sadaya, Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 3 September 2006 di bumina Téh Imas, Jl. Langsat - Mayéstik, Keb.Baru Jakarta Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.
Anu sumping dina ieu acara : --------------------------------------- - Kang Badrudin - Kang Kamal + Istrina + putrana - Kang Yugi + "rerencanganana" - Kang Irpan + rai-na - Kang Agus Pakusarakan - Kang Syam "Keom" Ridwan - Kang Rachmat "UI" Rawyani + putra2na - Kang Tony "Leboy" Sofyan - Teh Gia Mattel - Teh Tatat - Uwa Siddik Sakulawargi - sareng abdi, Kang Nanang Ndoell Sababaraha anu satadina parantos sanggem bade dongkap rupina "kaleresan" aya hal anu teu tiasa dikantunkeun. Atuh mugi- mugi dina kempelan nu badé dongkap tiasa ngaluuhan. Kagiatan / Acara : ------------------------------------------------ - Silaturahmi sareng sosonoan; - Ngabahas perkawis Halal Bihalal; Dongengna mah kieu : Tabuh 11 langkung, Kang Kamal, Teh Gia, Kang Irpan, Kang Yugi, Kang Badru & Kang Syam tos ngarumpul. Mayunan méja nu pinuh ku tuangeun bari Sempal guyon seuseurian. Sagala wé diobrolkeun ngeunaan Kusnet téh, tina soal rencana acara Halal Bihalal, soal udud, perkaosan, nepikeun ka eusi postingan nu aya di milis. Komo deuih aya raja Kéom, teu aya jempé-na, aya we bahan nu matak pikaseurieun, teu dialam maya, teu dialam nyata, angger méré kabungah. Nuhun ah. Kang Irpan mah mulih tipayun, da badé ngajajapkeun sepuhna ka terminal. Jol Kang Agus Pakusarakan, beuki haneut we obrolan teh. Bada Solat Lohor, Uwa Apih Siddik nembé jol sareng Uwa Amihna, sareng Neng Nani putrana nu nembé diwisuda Jumaah kamari + sareng wargina saurang. Waktos beuki nyedek, patuangan beuki ngerebek. Ku pribumi teras dihaturanan tuang siang. Menu-na téh matak ngacai. Aya goreng gurame, aya goreng hayam, sayur asem, lalaban, sambel. Panon nu rada poék teh ujug-ujug "praaaay" caang deui. Sadaya ge tuang téh meni ponyo dugi ka narambih. Teu Lami, jol Téh Tatat tina Taksi, disusul ku Kang Rachmat sareng putra-putrana. Kang Irpan, réngsé ngajajapkeun sepuhna, ogé dongkap deui. Bérés tuang, sor deui és kalapa kopyor. Kopi jeung téh panas mah teu eureun-eureun aleut-aleutan. Ngobrol téh diteraskeun deui difokuskeun ngeunaan ideu-ideu pikeun pelaksanaan HBH téa. Angger wé bari nyantai, diselang-seling ku seuseurian. Kang Toni juragan Leboy, ngurunyung téh tabuh satengah 5 sonten. Atuh Obrolan teh beuki panas wé. Heureuy silih sepétan, khas Léboy. Kopi sareng téh oge narambih deui. Es Kopyor gé dibantunkeun sareng baskom-baskomna. Nyaridukan wé nyalira dugi ka érép. Wanci magrib, hiji dua permios. Satengah 7 wengi nembé bubar sadaya, marulih deui ka alamna séwang-séwangan. Wareg tuang, wareg seuri, numplekeun rasa kasono bari ngalalayah bumina Teh Imas. heu..heu.. Hatur nuhun pisan ka Sohibul bait : Téh mas sakulawargi anu parantos nyayogikeun tempat anu sakitu merenahna sareng sagala rupi katuanganana. Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun sumping, Nuhunkeun dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala panampina, pamugi sadayana tiasa ngama'lum. Hatur nuhun ogé anu parantos ngintun imél, nelpon sareng ngintun SMS, merhatoskeun ieu acara sareng ngawartosan teu tiasa sumping. Manawi sakitu pedarana kagiatan Kopdar téh, Hasilna mah nuju dikonsép heula, Insya Allah dipostingkeun sabada dipaheutkeun deui. mangga nu sanésna tiasa nambihan. Kang Syam saurna bade dongeng versi "Keom"-na. Hatur nuhun pisan kana sagala perhatosanana. Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.. -Ndoell- Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

