Assalamualaikum, Baraya .... MUI parantos negeskeun réhna murangkalih istri ogé peryogi disepitan kanggé sakumna nu ngaku muslim, pangna emut ku éta réhna pun-anak nu kadua teh istri kapungkur dibabarkeunna di rumahsakit, hilap deuih teu naros ka dokterna naha tos sakantenan di sepitan atanapi teuacan.
Namung palihdieunakeun abdi mendakan situs anu pro kontra perkawis khitan téh, malihan mah aya pamadegan anu jéntré tur écés cenah teu aya dina Qur'an-na perkawis khitanan boh pameget atanapi istri aya sotéh di Alkitab sareng Taurat, padahal Alqur'an teh pan mangrupakeun kitab suci pamungkas anu nyampurnakeun kitab2 saméméhna. Ceuk si numosting teh (ngarana M. Khafi) malah ari hadis mah tiasa korup teu sapertos AlQur'an bisa salah anu ngadugikeun. Janten cenah khitanan teh salah sahiji praktek islam anu mengkol/ korup. Naha pamadegan nu mahiwal ieu teh leres kitu? Geura sok tilik ieu rohangan forum-na : http://www.indonesiamatters.com/648/female-circumcision/ Tah abdi oge ngarasa awam sareng rada lieur perkawis jamaah umat islam teh. Naon ciri sareng bentenna Islam konservatif, Liberalis naon bentenna jeung Suni, syiah, muhamadiyah, Ahmadiyah, Ahlulsunah...jrrd ??? Salam, Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

