Cool Pisan euy, UUD 1945 Versi Sundanese Language. Tapi Aya sabaraha kecap nu rada aneh,misal: 1. Karapihan abadi 2. hiji kaadilan sosial Nilik ti ieu tarjamah UUD 1945, Geuning Basa Sunda teh teu tiasa nerjemahkeun Kecap Malayu secara langsung (per"kata"),da seueur nu teu aya "padanannya" di Kecap Sunda. mangka kapaksa kedah ditarjamahken tanpa perubahan atau dijelaskan ku dua kecap Sunda atanapi langkung. misalna: 1. Persatuan = apakah kahijian,kasatuan,Pasatuan atanapi kamanunggalan??? 2.peri- = teu aya kecap Sunda na 3. beradab = baradab ?? 4. Permusyawaratan/Perwakilan = Pamusyawarahan/Pawakilan?? 5. cita-cita= angen-angen (angan-angan?) 6. Undang-undang= aya istilah Basa Sundana teu nya?? Salain ti UUD 1945, seueur Basa Malayu nu teu tiasa secara langsung ditarjamahkeun ka Basa Sunda. Misalna: 1. Asam Sitrat = Haseum sitrat, Asem Sitrat, atau Asid Sitrat??? 2. Rumah Sakit = Imah Gering ? 3. Rumah Makan = Imah Dahar ? 4. Sayap kiri = jangjang kenca *he he he 5. IPB = Institut Tatanen Bogor??? 6. Fakultas Perikanan = Fakultas Kalaukan atau Perlaukan??? 7. fakultas Kehutanan = Fakultas Pileuweungan 8. Kereta api = Kareta Seuneu *heu heu heu
Kecap2 Luar Sunda nu teu aya Sasamianana sareng kecap Sunda,memang payusna mah ditarjamahkeun tanpa parobahan sangkan teu aneh. Kecap Sunda memang kurang Mekar dibanding b. Indonesia terutama istilah2 ilmiah. --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Draft tarjamahan UUD 1945 Basa Sunda > > UNDANG-UNDANG DASAR NAGARA REPUBLIK INDONÉSIA > TAUN 1945 > > BUBUKA > > (P r e a m b u l e) > > > Saéstuna kamerdikaan téh hak sakumna bangsa, ku > kituna, rupaning > penjajahan di saalam dunya kudu dimusnahkeun, alatan > teu luyu jeung > peri-kamanusaan katut peri-kaadilan. > Sarta perjoangan pagerakan kamerdikaan Indonésia > geus cunduk kana wanci nu > mustari kalawan berekah salamet nganteurkeun rayat > Indonésia ka gapura > kamerdikaan Nagara Indonésia, nu merdika, ngahiji, > ngawasa, adil, jeung > ma'mur. > Ku berekahna rahmat Allah Nu Maha Kawasa sarta > dijurung ku angen-angen anu > luhung, sangkan kahirupan kabangsaan nu bébas, ku > kituna dina ieu hal > rayat Indonésia nétélakeun kamerdikaanana. > Saterusna ti éta pikeun ngawangun hiji Pamaréntahan > Nagara Indonésia nu > nangtayungan sakumna bangsa Indonésia katut sakumna > séké sélér Indonésia > tur pikeun ngamajukeun karaharjaan umum, > nyalakankeun kahirupan bangsa, > sarta ilubiung dina ngalaksanakeun katartiban dunya > anu dumasar kana > kamerdikaan, karapihan abadi jeung kaadilan sosial, > ku kituna disusun éta > Kamerdikaan Kabangsaan Indonésia téh dina hiji > Undang-Undang Dasar Nagara > Indonésia, nu diwangun dina hiji susunan Nagara > Republik Indonésia nu > rayatna miboga kakawasaan kalawan dumasar kana > Kapangéranan Nu Maha > Tunggal, Kamanusaan nu adil jeung baradab, Persatuan > Indonésia sarta > Karahayatan nu dipingpin ku hikmah kawijaksanaan > dina > Pemusawarahan/Perwakilan, sarta ku ngawujudkeun hiji > Kaadilan sosial > pikeun sakumna rayat Indonésia. > > > UNDANG-UNDANG DASAR > > BAB I > WANGUN JEUNG KADAULATAN > > Pasal 1 > > (1) Nagara Indonésia nyaéta Nagara Kasatuan, nu > winangun Republik. > (2) Kadaulatan dicekel ku rahayat tur dilaksanakeun > dumasar Undang-Undang > Dasar. ***) > (3) Nagara Indonésia nyaéta nagara hukum. ***) > > BAB II > MAJELIS PERMUSYAWARATAN RAKYAT > > Pasal 2 > > (1) Majelis Permusyawaratan Rakyat diwuwuh ku > anggota Déwan Perwakilan > Rakyat jeung Déwan Perwakilan Daérah nu dipilih dina > pemilihan umum nu > saterusna diatur ku undang-undang. ****) > (2) Majelis Permusyawaratan Rakyat ngayakeun sidang > saeutikna sakali dina > lima taun di ibukota nagara. > (3) Sagala putusan Majelis Permusyawaratan Rakyat > ditetepkeun ku sora nu > panglobana. > > Pasal 3 > > (1) Majelis Permusyawaratan Rakyat miboga wewenang > pikeun ngarobah jeung > netepkeun Undang-Undang Dasar. ***) > (2) Majelis Permusyawaratan Rakyat ngistrénan > Présidén jeung/atawa Wakil > Présidén. ***/****) > (3) Majelis Permusyawaratan Rakyat ukur bisa > ngeureunkeun Présidén > jeung/atawa Wakil Présidén dina mangsa jabatanana > dumasar Undang-Undang > Dasar. ***/****) > > > BAB III > KAKAWASAAN PAMARÉNTAHAN NAGARA > > Pasal 4 > > (1) Présidén Republik Indonésia nyekel kakawasaan > pamaréntahan dumasar > Undang-Undang Dasar. > (2) Dina nohonan kawajibanana Présidén dibantu ku > saurang Wakil Présidén. > > > Pasal 5 > > (1) Présidén miboga hak pikeun ngajukeun rarancang > undang-undang ka Déwan > Perwakilan Rakyat. *) > (2) Présidén netepkeun palaturan pamaréntah pikeun > ngalarapkeun > undang-undang sakumaha mistina. > > > Pasal 6 > > (1) Calon Présidén jeung calon Wakil Présidén kudu > warga nagara Indonésia > ti mimiti lahir sarta teu kungsi jadi warga nagara > séjén alatan kahayang > sorangan, teu kungsi hianat ka nagara, mampuh boh > rohani boh jasmani > pikeun ngalaksanakaeun pancén jeung kawajiban salaku > Présidén jeung Wakil > Présidén. ***) > (2) Sarat-sarat pikeun jadi Présidén jeung Wakil > Présidén saterusna diatur > ku undang-undang. ***) > > > Pasal 6A > > (1) Présidén jeung Wakil Présidén dipilih minangka > pasangan sacara > langsung ku rayat. ***) > (2) Pasangan Présidén jeung Wakil Présidén > diusulkeun ku partéy pulitik > atawa gabungan partéy pulitik pamilon pemilihan umum > saméméh dilaksanakeun > pemilihan umum. ***) > (3) Pasangan Présidén jeung Wakil Présidén nu > meunang sora leuwih ti lima > puluh persén tina jumlah sora dina pemilihan umum > kalawan saeutikna dua > puluh persén sora di saban propinsi anu sumebar di > leuwih ti satengah > jumlah propinsi di Indonésia, diistrénan jadi > Présidén jeung Wakil > Présidén. ***) > (4) Dina hal taya pasangan calon Présidén jeung > Wakil Présidén nu kapilih, > dua pasangan calon nu meunang sora panglobana kahiji > jeung kadua dina > pemilihan umum dipilih ku rayat sacara langsung > jeung pasangan nu meunang > panglobana sora rayat diistrénan salaku Présidén > jeung Wakil Présidén. > ****) > (5) Tata cara ngalaksanakeun pemilihan Présidén > jeung Wakil Présidén > saterusna diatur dina undang-undang. ***) > > > Pasal 7 > > Présidén jeung Wakil Présidén nyekel kalungguhan > lilana lima taun, sarta > sabadana bisa dipilih deui pikeun éta kalungguhan, > ukur pikeun sakali > mangsa jabatan. *) > > > Pasal 7A > > Présidén jeung/atawa Wakil Présidén bisa > dieureunkeun dina mangsa > jabatanana ku Majelis Permusyawaratan Rakyat dumasar > usul ti Déwan > Perwakilan Rakyat, boh mun kabuktian ngalanggar > hukum mangrupa ngahianat > ka nagara, korupsi, sosogok, tindak pidana beurat > lianna, boh milampah > codéka, atawa mun kabuktian geus teu nohonan > pasaratan deui salaku > Présidén jeung/atawa Wakil Présidén. > > > Pasal 7B > > (1) Usul ngeureunkeun Présidén jeung/atawa Wakil > Présidén bisa diajukeun > ku Déwan Perwakilan Rakyat ka Majelis > Permusyawaratan Rakyat kalawan ti > anggalna kudu ngajukeun heula pameredih ka Mahkamah > Konstitusi pikeun > === message truncated === __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

